Nungguan Kaputusan Hasil Pemilu ti KPU, Bupati Bandung Ngelingan Masarakat Ulah Percaya Hoaks

- 16 Februari 2024, 18:01 WIB
Bupati Bandung ngelingan masarakat ulah kapangaruhan ku beja-beja nu teu pararuguh.
Bupati Bandung ngelingan masarakat ulah kapangaruhan ku beja-beja nu teu pararuguh. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, nganuhunkeun ka sakumna masarakat Kabupaten Bandung, rehnaPemilu 2024 di Kabupaten Bandung aman jeung kondusif.

Kituna ditepikeun Bupati Dadang Supriatna sabada ngalaksanakeun kagiatan maneuh Jumat Keliling (Jumling) ka-90 di Masjid Jami Argadinata, RT 02/RW 08, Lembur Bolero, Desa Dayeuhkolot Kecamatan Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 16 Pebruari 2024.

"Simkuring ningal partisipasi masarakat langkung ti 80 persen, luyu sareng taksiran. Alhamdulillah dinten ieu nuju tahap proses ngètang soara. Migia lancar," ceuk Dadang Supriatna.

Baca Juga: Hasil Real Count Sementara KPU Caleg DPR RI Dapil IX Jabar, di Kabupaten Majalengka

Dadang Supriatna ogè nganuhunkeun ka para petugas jeung penyelenggara Pemilu 2024, rehna pesta demokrasi di Kabupaten Bandung bisa lancar.

"Dinten ieu, nuju proses lebet ka PPK (Panitia Pemilihan Kecamatan). Engkè di PPK rapat pleno. Tina rapat pleno laju ka KPU Kabupaten Bandung. Ti KPU Kabupaten Bandung langsung KPU Provinsi Jawa Barat sareng KPU Pusat. Engkè ngantos kaputusan ti KPU Pusat," ceuk Bupati Bedas.

Bupati Bandung miharep ka masarakat ulah kapangaruhan ku beja-beja nu teu tanggung jawab. "Teu kenging percaya hoaks. Engkè urang antosan kaputusan ti KPU," ceuk Dadang Supriatna.

Dadang Supriatna umajak ka masarakat museur deui kana pagawèan sapopoè sèwang-sèwangna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x