Rakor Penyusunan Rencana Kontijensi Penanggulangan Wabah Kesehatan Masarakat di Kabupaten Majalengka

- 17 Februari 2024, 12:00 WIB
Dinkes  Jawa Barat ngagelar Pertemuan Penyusunan Dokumen Rencana Kontinjensi Penanggulangan Kedaruratan Kesehatan Masyarakat (KKM), dilaksanakeun di meetingroom Horison Kertajati, Jumaah (16/02/2024)
Dinkes Jawa Barat ngagelar Pertemuan Penyusunan Dokumen Rencana Kontinjensi Penanggulangan Kedaruratan Kesehatan Masyarakat (KKM), dilaksanakeun di meetingroom Horison Kertajati, Jumaah (16/02/2024) /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Ancaman global ku asupna panyakit-panyakit anyar ka wilayah Indonesia jeung potensi-potensi nu ngabalukarkeun Kedaruratan Kesehatan Masyarakat yang Meresahkan Dunia (KKM-MD) diperelukeun deteksi dini jeung getapan (respon cepat), boh di panto gerbng nagara boh di tingkat masarakat (wilayah) nu aya rojongan legalitas.

Nyurahan soal eta Dinas Kesehatan (Dinkes) Provinsi Jawa Barat ngalaksanakeun Pertemuan Penyusunan Dokumen Rencana Kontinjensi Penanggulangan Kedaruratan Kesehatan Masyarakat (KKM), dilaksanakeun di meetingroom Horison Kertajati, Jumaah (16/02/2024).

Kagiatan dibuka Sekertaris Daerah (Sekda) Kabupaten Majalengka Drs. H. Eman Suherman, MM, diluuhan ku Dinkes Provinsi Jawa Barat, Kepala Dikes Kabupaten Majalengka, Ketua Tim Kerja Kekarantinaan Kesehatan Kemenkes.

Baca Juga: Audensi PWI Dinkes Kabupaten Bandung Nyawalakeun Ngararancang Rukun Gawè

Kepala DikesProvinsi Jawa Barat nu diwakilan ku Kabid Pencegahan dan Pengendalian Penyakit (P2P), Rochady Hendra Setia Wibawa, nyebutkeun tujuan dilaksanakeun eta kagiatan bisa ngahasilkeun rencana kontijensi di wilayah bukti kasiapsiagaan jeung pangungkulan dina nyanghareupan kemungkinan KKM.

Gempungan keur nyusun dokumen rencana kontijensi KKM taun 2024 diiluan ku sakumna lintas sektoral jeung lintas program nu patalina pamilonna 30 urang.

"Dina raraga tarekah deteksi jeung respon PHEIC diperyogikeun ayana jejaring rukun gawe tur kamitraan nu tohaga antawis lawang saketeng nagara: palabuhan, bandar udara, jeung Pos Lintas Batas Darat Negara (PLBDN). Kekarantinaan Kesehatan di pintu masuk negara kedah lumangsung kalayan optimal," ceuk Rochady.

Sekda Kabupaten Majalengka H. Eman Suherman, mapag kalayan hade ku ayana ieu kagiatan. Kabupaten Majalengka mibanda Bandara Internasional Kertajati sarta akses kaluar asup Tol Cipali jeung Cisundawu.

Baca Juga: DPRD jeung Dinkes Kabupaten Ciamis Meredih Pihak Sakola Nalingakeun Jajanan Barudak

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x