GGM Majalengka Pinuh ku Warga, Nungkulan HUT KORPRI ka-52, HUT PGRI ka-78 jeung Hari Kesehatan Nasional

- 19 November 2023, 12:35 WIB
Dina raraga HUT KORPRI ka-52 sakaligus mieling HUT PGRI ka-78 sarta Hari Kesehatan Nasional Taun 2023, Korps Pegawai Republik Indonesia Kabupaten Majalengka bareng PGRI katut Dinas Kesehatan ngagelar "Jalan Santai", Saptu (18/11/2023).
Dina raraga HUT KORPRI ka-52 sakaligus mieling HUT PGRI ka-78 sarta Hari Kesehatan Nasional Taun 2023, Korps Pegawai Republik Indonesia Kabupaten Majalengka bareng PGRI katut Dinas Kesehatan ngagelar "Jalan Santai", Saptu (18/11/2023). /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina raraga ngagumebyarkeun HUT KORPRI ka-52 sakaligus mieling HUT PGRI ka-78 sarta Hari Kesehatan Nasional Taun 2023, Korps Pegawai Republik Indonesia Kabupaten Majalengka bareng PGRI katut Dinas Kesehatan ngagelar "Jalan Santai", Saptu (18/11/2023).

Jalan Santai dibuka sacara langsung ku Bupati Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi,M.M.Pd., di lapangan GGM. Diluuhan ku  Dewan Penasehat Korpri Kabupaten Majalengka, Dewan Pembina KORPRI Kabupaten Majalengka.

Unsur Muspida Kabupaten Majalengka, sakumna staf Ahli, sakumna Kepala OPD, unsur Muspika, Dewan Pengurus Korpri, Ketua PGRI Kabupaten Majalengka tur pangurus, sarta sakumna ASN KORPRI Kabupaten Majalengka. Teu katinggaleun warga masarakat Majalengka nu milu aub dina acara Jalan Santai.

Baca Juga: Rebuan Buruh di Majalengka Unras, Bupati Bakal Merjoangkeun UMK nu Layak keur Buruh

Ketua KORPRI Kabupatem Majalengka, Dr. H. Irfan Nur Alam, S.H., M.H., nyebutkeun dina bulan November 2023 aya sababaraha runtuyan kagiatan nu kawilang penting saperti halna kagiatan Jalan Santai keur ngareuah-reuah  tilu agenda penting: Mièling HUT Korpri, HUT PGRI, jeung Hari Kesehatan Nasional.

"HUT KORPRI ka-52 kaping 29 November, saterasna kaping 25 November mieling HUT PGRI ka-78 sarta kaping 12 November mieling Hari Kesehatan Nasional," ceuk Irfan.

Irfan nyebutkeun Jalan Santai kiwari  event katilu digelar dina runtuyan HUT KORPRI ka-52. Samemehna Jalan Santai digelar di Kecamatan Cingambul sarta di Kecamatan Kasokandel, sarta saterusna  di Kecamatan Leuwimunding, jeung di Kecamatan Kertajati tanggal 26 November payun.

"Salaku buktos apresiasi Dewan Pengurus Korpri Kab.Majalengka sarta salku wujud kepedulian ka ASN oge masarakat. Din hal ieu hoyong berbagi tur ngokolkeun kagiatan diantawisna masihan beasiswa kangge siswa berprestasi tingkat SD, SMP oge SMA".

Baca Juga: KH Abdul Chalim ti Leuwimunding Majalengka Dileler Gelar Pahlawan Nasional

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x