Rebuan Buruh di Majalengka Unras, Bupati Bakal Merjoangkeun UMK nu Layak keur Buruh

- 16 November 2023, 09:50 WIB
Unjuk rasa (UNRAS) di Kabupaten Bandung, Rebo, 15 November 2023.
Unjuk rasa (UNRAS) di Kabupaten Bandung, Rebo, 15 November 2023. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Rebuan massa ti sababaraha serikat pekerja nu aya di Kabupaten Majalengka Jawa Barat unjuk rasa (unras) meredih buruh jeung parobahan PP Nomor 51 ngeunaan Pengupahan.

Masa aksi nu sumebar ti serikat buruh nu aya di wilayah kaler ngagimbung di hareup Pendopo Kabupaten Majalengka, Rebo (15/11/2023), jam 12.10 WIB.

Masa aksi demo ngagunakeun kandaraan roda dua jeung opat lumangsung kalayan tartib tur aman. Sakumna pagawe meredih  buruh ditaekkeun 38 persen ti Upah Minimum Kabupaten (UMK) memehna, Rp2.180.602 jadi Rp3.012.937.

Baca Juga: KH Abdul Chalim ti Leuwimunding Majalengka Dileler Gelar Pahlawan Nasional

Salian eta buruh oge meredih pamarentah  ngarobah Peraturan Pemerintah (PP) No. 51 ngeunaan Pengupahan nu ngarugikeun sakumna buruh.

Salasaurang kordinator Serikat Buruh, Edi Kustandi meredih pamarentah dina hal ieu Dewan Pengupahan naekkeun UMK 2024 di Kabupaten Majalengka jadi Rp 3 jutaan. Hal eta dumasar survei kabutuhan hidup layak (KHL) nu aya di lapangan kiwari.

"Ti serikat buruh tos nyurvey ka pasar-pasar di Majalengka, hasilna buruh meryogikeun gajih dugi Rp 3 jutaan kangge hirup layak di Majalengka," ceuk Edi.

Bupati Majalengka Dr. H. Karna Sobahi, M. M.Pd., nalika nampa wawakil buruh di rohang rapat Bupati, netelakeun,  ku ngajegirna pabrik-pabrik nu aya di wilayah Kabupaten Majalengka kawilng ngabantu dina ngaronjatkeun taraf paekonomian.

Baca Juga: Mapag Pemilu 2024 Kapolres Majalengka Umajak Anggotana Ngaronjatkeun Patroli bareng jeung TNI katut Pamarentah

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x