Gumebyarna Gerak Jalan Santai Mieling HUT Ka 10 Toserba Yogya Grand Majalengka

- 30 Oktober 2023, 09:41 WIB
Toserba Yogya Grand Majalengka, Ahad, 29 Otober 2023, ngagelar Gerak Jalan Santai dina raraga ngareuah-reuah milangkalana.
Toserba Yogya Grand Majalengka, Ahad, 29 Otober 2023, ngagelar Gerak Jalan Santai dina raraga ngareuah-reuah milangkalana. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina raraga ngagumebyarkeun Hari Ulang Tahun (HUT) nu ka-10, Toserba Yogya Grand Majalengka, ngagelar sababaraha kagiatan. Salasahiji kagiatan utamana: Gerak Jalan Santai nu diiluan ku masarakat Majalengka jeung sabudeureunna.

GHerak Jalan Santai lumangsung di wilayah Yogya Grand Majalengka sarta dimimitian ku ngelebetna bendera start ku Kapolsek Majalengka Kota, Iptu Iwan Sutari, S.IP., M.A.P. nu ngawakilan Kapolres Majalengka Polda Jabar AKBP Indra Novianto,S.I.K.,M.Si., CPHR., Ahad (29/10/2023).

Gerak Jalan Santai teh ajang guyubna kagiatan nu sehat, diiluan ku sababarah kalangan masarakat. Salian Gerak Jalan Santai, oge mintonkeun  musik live keur ngahibur pamilon jeung nu lalajo.

Baca Juga: Festival TIK Nasional, Diskominfo Kabupaten Majalengka Dileler Pangajen Mitra Kolaboratif Daerah

Ieu kagiatan dijaga kaamanana ku pihak kapulisian, ku anggota Polres Majalengka jeung Polsek Majalengka Kota.  Ku kituna sakumna pamilon jeung nu daratang bisa ngarasakeun suasana nu aman tur merenah.

Kapolres Majalengka Polda Jabar AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ditepikeun ku Kapolsek Majalengka Kota, IPTU Iwan Sutari, ngawilujengkeun milangkala ka Toserba Yogya Grand Majalengka.

Inyana  ngaapresiasi ka masarakat nu aub  dina Gerak Jalan Santai. Iyana oge dina eta kasempetan pentingna ngajaga kaamanan tur katartiban salila acara lumangsung.

"Suksesna ieu acara, Toserba Yogya Grand Majalengka langkung nyaketkeun deui sareng masarakat Majalengka.  Jadi bagian nu aktif dina ngagumebyarkeun HUT Grand Yogya Majalengka," ceuk Kapolsek Majalengka Kota.

"Pamugi sumanget guyubna dina kagiatan sehat saperti Gerak Jalan Santai  teras kajagi sareng janten inspirasi kangge kagiatan sarupi dina waktos kapayunna," ceuk IPTU Iwan Sutari.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x