Keur Nyinglar KKN Disdik Kabupaten Majalengka Nerapkeun Pusat Pelayanan Terpadu

- 28 Oktober 2023, 18:00 WIB
Kepala Disdik Kabupaten Majalengka, Dr. Hj. Lilis Yuliasih M.Pd.
Kepala Disdik Kabupaten Majalengka, Dr. Hj. Lilis Yuliasih M.Pd. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID  -Disdik Kabupaten Majalengka  nerapkeun Pusat Pelayanan Terpadu, udaganana keur ngaleungitkeun korupsi, kolusi, jeung nepotisme (KKN).

Pusat Pelayanan Terpadu teh tarekah pikeun ngaronjatkeun transparansi, efisiensi, jeung ngajauhkeun  disalahgunakeunana (KKN) sumber daya ku oknum-oknum nu teu tanggung jawab dina ngalaksanakeun pelayanan publik di Disdik Kabupaten Majalengka.

Pusat Pelayanan Terpadu teh lengkah ti Dinas pendidikan Kabupaten Majalengka dina ngarespon hal-hal nu aya patalina jeung tata kelola  atikan nu leuwih hade.

Baca Juga: Pinunjul kahiji FTBI SD Tingkat Kabupaten Bandung, 14 Siswa, Tandang di FTBI Tingkat Jabar

Tujuanana pikeun ngagampangkeun masarakat katut pengguna layanan lianna dina ngaakses layanan publik Disdik Kabupaten Majalengka sangkan teu aya halangan-harungan birokrasi.

“Masarakat mung cekap ngadugikeun maksad sareng kaperyogian ka patugas front office di dinas pendidikan. Saterasna patugas bakal ngabantos maksad sareng kaperyogian masarakat luyu sareng prosedur," ceuk Kepala Disdik Kabupaten Majalengka, Dr. Hj. Lilis Yuliasih M.Pd.

Ceuk Hj.Lilis, ku ayana Pusat Pelayanan Terpadu  taya deui akses  “panto tukang” nu salila ieu mindeng disalahgunakeun ku oknum-oknum nu teu tanggung jawab.

“Ieu lengkah nu kawilang positip dina tarekah ngaronjatkeun kualitas pelayanan publik Dinas Pendidikan Majalengka sareng nangtoskeun teu aya penyalahgunaan wewenang ku oknum nu teu tanggel waler,” ceuk Kadisdik.

Kaunggulan Pusat Pelayanan Terpadu

Kaunggulan utama tina diterapkeunana Pusat Pelayanan Terpadu di Disdik Kabupaten Majalengka:

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x