SMPN 4 Rancaekek Kabupaten Bandung Ngatik Siswa Nyantri tur Nyunda

- 17 Oktober 2023, 08:05 WIB
SMPN Rancaékék Kabupaten Bandung satekah polah ngawujudkeun lingkungan nu nyantri tur nyunda
SMPN Rancaékék Kabupaten Bandung satekah polah ngawujudkeun lingkungan nu nyantri tur nyunda /Tety/galura.co.id

 

 

GALURA.CO.ID -Udagan SMPN Rancaékék nyaéta ngawujudkeun lingkungan nu nyantri tur nyunda. saban poé Kemis minggu ka-3 jeung ka- 4 ngabiasakeun bareng solat duha jeung tausiyah.

SMPN Rancaékék 4 ngadeg taun 2008, harita mah masih kénéh nginduk ka SMPN 1 Rancaékék. Nu jadi Kepala Sakolana harita Drs. Rahmat Basuki, nu satuluyna diangkat jadi Pengawas Pembina SMP Kabupaten Bandung, Unit Pelaksana Teknis Daerah (UPTD) wikayah 2.

Taun 2009 jabatan Kepala Sakola dipasrahkeun ka Drs. Yoyo Susila. Harita proses diajar masih nempatan bangunan SDN Linggar, di Desa Sukamulya, Kacamatan Rancaékék. Tanggal 5 Oktober 2009 pamaréntah ngaliwatan Dinas Pendidikan ngabangun Unit Sekolah Baru (USB) SMPN 4 Rancaékék, di Ranca­kéong, Desa Linggar, Kacamatan Rancaékék, Kabupaten Bandung.

Baca Juga: SMA Pasundan 4 Bandung Nataharkeun Program keur Kamajuan Sakola

Kepala Sakola Iyan Triyani S.Pd. M.Si., nétélakeun, lian ti pangdeudeul jeung pangrojong ti pihak pamaréntah, partisipasi masarakat nu aya di sabu­deureun sakola ogé kawilang gedé pangaruhna kana ngadegna ieu sakola, diantarana baé masarakat nu dumuk di Desa Linggar, Sukamulya, jeung Jlegong. Taun 2010 wangunan sakola geus bisa dipake diajar, kalayan jumlah siswa 175 urang dibagi jadi 8 kelas.

Ieu sakola nu diwangun dina sawah tadah hujan téh  legana 623 méter pasagi, ayeuna jumlah guru 46 urang, siswa 1.119 urang.

Cék Iyan, nu jadi udagan SMPN Rancaékék nyaéta ngawujudkeun lingkungan nu nyantri tur nyunda. Keur ngahontal éta udagan, saban poé Kemis minggu ka-3 jeung k- 4 ngabiasakeun bareng solat jeung tausiyah.

Aya ogé kagiatan literasi nyaéta barudak dikeprik sangka loba maca, dikumpulkeun di lapang, dibéré waktu 15 menit sina maca buku. Nu dibacana mah bisa buku bogana sorangan bisa meunang nginjeum ti perpustakaan, tur materina teu ditangtukeun, bisa fiksi atawa non fiksi.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x