Wisuda XXIV S1 IAI Persis Bandung Bupati: Wisudawan Tanggungjawab kana Elmu nu geus Disuprih

- 7 Oktober 2023, 20:35 WIB
Bupati Bandung ngaluuhan wisuda XXIV IAI Persis Bandung (07/10/2023) di Gedong Sabilulungan Soreang Bandung.
Bupati Bandung ngaluuhan wisuda XXIV IAI Persis Bandung (07/10/2023) di Gedong Sabilulungan Soreang Bandung. /Sopandi/galura.co.if

GALURA.CO.ID- Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaapresiasi Wisuda XXIV Program Sarjana (S1) Institut Agama Islam (IAI) Persis Bandung nu dilaksanakeun di Gedong Budaya Sabilulungan Soreang Kabupaten Bandung, Saptu (07/10/2023).

Ceuk Bupati Bandung wisuda teh  minangka acara puncak tina proses ahir hiji siklus pendidikan. "IAI Persis Bandung tos  ngajalankeun sareng ngaronjatkeun ajen atikan, pangabdian masarakat sareng tata kelola paguron luhur nu efisien, efektif tur profesional," pokna.

Bupati Bandung gingetan ka wisudawan pikeun ngucapkeun rasa syukur jeung mibanda tanggungjawab kana sagala elmu nu geus disuprih salila di bangku kuliah di IAI Persis Bandung

Baca Juga: Cara Ngalarapkeun Peribahasa Sunda dina Kalimat

Bupati Bandung ngajak IAI Persis Bandung pikeun rukun gawè ku nyiptakeun saniskara inovasi. Inyana nyebutkeun aya tilu torobosan nu geus dilakukeun dirina. Kahiji program Besti (Beasiswa ti Bupati).

"Program Besti dina taun 2022 sajumlan 80 mahasiswa, taun 2023 sajumlah 125 calon mahasiswa, taun payun ku simkuring ditambihan 250 calon mahasiswa, " ceuk Dadang Supriatna.

Kadua, ceuk Bupati Bandung nyaèta program Pusat Kegiatan Belajar Masyarakat (PKBM). "Taun ayeuna dibuka 50.000 PKBM pikeun paket A, B sareng paket C," pokna.

Torobosan katilu, ceuk Dadang Sulriatna, dirina malirè ka guru Pendidikan Agama Isla (PAI). "Taun ayeuna simkuriing ngabantos kanggo 800 guru nu dirukundamelkeun sareng UIN Sunan Gunung Djati.," pokna.

Dadang Supriatna meunteun aya tanggung jawab gedè nu diemban ku IAI Persis Bandung pikeun mampuh ngahasilkeun lulusan nu mibanda kualitas.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah