Sekolah Adiwiyata, SDN Cingcin 01 Soreang Kabupaten Bandung Ngajak Padagang Miara Kabersihan

- 2 Oktober 2023, 17:20 WIB
Kepala SDN Cingcin 01 Hj. Nuryati Suryani, M.Pd  (katuhu) ngajak ngawangkong ka padagang  nu mangkal di sakola, ngajak babarengan miara kabersihan.
Kepala SDN Cingcin 01 Hj. Nuryati Suryani, M.Pd (katuhu) ngajak ngawangkong ka padagang nu mangkal di sakola, ngajak babarengan miara kabersihan. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Padagang nu biasa mangkal di SDN Cingcin 01 Kecamatan Soreang Kabupaten Bandung, lobana aya kana 20 urang, siap aub miara kabersihan di lingkungan sakola.

Parapadagang boga jadwal nyokot runtah ti sakola dina jam istirahat siswa jeung waktu budalan sakola jam 3 sore. Runtah saterusna diteudeun ka tempatna nu engkena diakut ku patugas kabersihan.

Rini, Fitri, Ai, tilu urang ti antara 20 padagang di SDN Cingcin 01 nu geus welasan taun, malahan di antarana aya nu geus 20 taun mangkal di dinya nganuhunkeun ka Kepala SDN Cingcin 01 nu geus ngidinan dagang di dinya, jeung ngèlingan pikeun tetep miara kabersihan lelewek sakola.

Baca Juga: Darul Hikam Integrited School Secondary Nguatkeun Ahlak Siswa

Tiluanana oge ngarti runtah di sakola tèh lolobana mah ti padagang. Nu matak para padagang nu 20 urang teh bagilir nyokotan runtah ti sakola sarta ditunda din tempat anu geus disadiakeun.

Kepala SDN Cingcin 01 Hj. Nuryati Suryani, M.Pd ngabageakeun para padagang nu leah diajak gawe bareng miara kabersihan sakola.

"Simkuring teu tiasa ngawagel para padagang icalan di sakola. Margi aranjeuna milari nafkah kanggo kulawargina," ceuk Hj. Nuryati di kantorna, Senèn (02/10/2023).

Hj. Nuryati nyebutkeun kabersihan sakolana kudu terus dipiara. Komo deui SDN Cingcin 01 geus dileler piagem pangajèn Sekolah Adiwiyata Kabupaten Bandung taun 2022 dina Evaluasi Penilaian Sekolah Adiwiyata tingkat Kabupatem Bandung,16 Agustus 2022.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah