Darul Hikam Integrited School Secondary Nguatkeun Ahlak Siswa

- 2 Oktober 2023, 13:30 WIB
Darul Hikam Integrited School  (DHIS) Secondary di Jalan Maribaya No. 89, Lémbang, Bandung Barat.
Darul Hikam Integrited School (DHIS) Secondary di Jalan Maribaya No. 89, Lémbang, Bandung Barat. /Tetti/galura.co.id

 

 

GALURA.CO.ID -Yayasan Darul Hikam ngadeg taun 1966, lantaran mibanda harepan nu leuwih lega: hayang ngahontal préstasi nu sipatna global, taun 2007 ngadegkeun sakola internasional. Dingaranan Darul Hikam Integrited School  (DHIS) Secondary. Ieu sakola téh pernahna di Jalan Maribaya No. 89, Lémbang, Bandung Barat.

Lega tanahna aya 6.200 meterpasagi. Jumlah guru jeung karyawan 39 urang, muridna 190 urang dibagi jadi 12 kelas.  DHIS Secondary boga udagan ngawangun generasi Islam nu unggul, nu dihontal ku cara budaya nu ahlakul karimah pikeun ngudag prestasi nu sipatna global.

Ceuk Kepala DHIS, Binar Kasih Sejati, M.Pd., aya sababaraha program unggulan di ieu sakolaz: Ahlak Camp, siswa ngayakeun kemping diaping ku guru. Salila kemping dieusian ku acara nu ngahaja dirancang pikeun nguatan ahlak.

Baca Juga: Nganti 12 Taun Antukna Pamarèntah Ngaluarkeun SK Inpassing keur Guru Madrasah Non ASN

Siswa dididik ngeunaan sopan santun, étika, tatakrama, adab sapopoé, boh di kulawarga, di sakola jeung di lingkungan masarakat. Kumaha sikep jeung nyarita ka saluhureun, ka sasama jeung ka sahandapeun. Mun panggih jeung papada jalma kudu rengkuh, imut bari ngucapkeun salam.

Diajarkeun kumaha cara pamitan mun rék indit, atawa menta izin mun moal biasa asup sakola, sasadu mun teu bisa nohonan janji. Atuh mun rumasa salah ulah éra ménta dihampura, jeung sajabana.

Program séjénna Homeroon Teacher Sharing Season (HTSS), lawungan rutin saminggu sakali jeung wali kelas, medar ngeunaan tata-titi, sopan santun, ahlak atawa adab dina kahirupan sapopoé. Mun Ahlak Camp mah siswa langsung prakték, dina kagiatan HTSS mah wali kelas masihan wejangan.

Aya deui program nu dingaranan Pesantrén Kilat Akhir (Pesair). Nu ieu mah husus keur kelas 3 SMP (secondary 3) jeung kelas 3 SMA (secondary 6), mangrupa sarat lulus.  Kagiatanana dilaksanakeun salila tilu poé dua peuting, dieusian ku kagiatan ngawangun kelompok (team building). Dina kagiatan Pesair, aya oge acara diskusi kelomlok atawa Focus Group Discussion (FGD) jeung ceramah kaagamaan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x