123 Calon Guru Penggerak Miluan Lokakarya

- 23 September 2023, 16:36 WIB
Panitia Lokakarya 4 Angkatan 8 Kabupaten Kuningan H. Pipin Mansur Aripin, M.P.d., nepikeun laporan acara Lokakarya , di Aula SMAN 1 Kuningan, Saptu, 23 September 2023.*
Panitia Lokakarya 4 Angkatan 8 Kabupaten Kuningan H. Pipin Mansur Aripin, M.P.d., nepikeun laporan acara Lokakarya , di Aula SMAN 1 Kuningan, Saptu, 23 September 2023.* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Aya 123 urang calon guru penggerak di Kabupaten Kuningan, anu miluan Lokakarya 4 Angkatan 8 Kabupaten Kuningan, tempatna di SMAN 1 Kuningan, Saptu, 23 September 2023.


Eta calon guru penggerak anu miluan lokakarya teh, ngawengku 10 urang guru TK, 55 guru SD, 32 guru SMP , 13  guru SMA jeung 13 guru SMK, dibarengan ku  25 urang pangajar praktik guru TK nepika pangajar paguron luhur.

Panitia Lokakarya 4 Angkatan 8 Kabupaten Kuningan, H. Pipin Mansur Aripin, M.Pd, nyebutkeun lokakarya teh dibagi 9 kelas atawa rohangan.

Sarohangan ngawengku dua atawa tilu pangajar praktik anu marengan 10 urang calon guru penggerak. Aya oge 3 urang pangajar praktik anu marengan 15 urang calon guru penggerak.


Ceuk Pipin, eta lokakarya teh mangrupakeun kagiatan nerapkeun praktik coaching, sarana pikeun mikanyaho  kakuatan jeung ngararancang strategi ngahadean diri dina proses pembelajaran anu mihak ka murid.


Pipin nyebutkeun, eta lokakarya ngalibetkeun patugas pendamping kagiatan teknis, akademis,  patugas keuangan, jeung patugas pengendali mutu ti Balai Besar Guru Penggerak Propinsi Jawa Barat.

Diantarana Dina Julita, M.I.Kom., M.Pd, Verina Rizqillah, A.MD, Chatin Fakara, S.Pd., M.Si, Arnaz Syauqi, S.E, jeung Rina Agustin Susanti, S.Sos., M.Pd.


“Peserta diharepkeun mampuh ngalakonan runtuyan suvervisi akademik ku cara ngagunakeun pola pikir coaching,” ceuk Pipin, anu oge Kepala Bidang GTK Disdikbud Kabupaten Kuningan teh.


Sajeroning kitu, Kepala Disdikbud Kabupaten Kuningan, Uca Somantri, nyebutkeun program pendidikan guru penggerak mangrupakeun lengkah strategis ti kementerian pendidikan, kebudayaan riset, dan teknologi.


Eta teh, ceuk Uca, pikeun ngawujudkeun guru anu berdaya jeung ngaberdayakeun dina ngaronjatkeun kualitas pembelajaran nu ngamuara kana ngaronjatna proses jeung hasil belajar peserta didik.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah