Porseni PGRI Kabupaten BandungTaun 2023 Diiluan 3.100 Atlet

- 23 September 2023, 17:41 WIB
Porseni PGRI Kabupaten Bandung lumangsung 24-25 September 2023 di  Lapangan Yonif Para Raider 330 Nagreg Kabupaten Bandung.
Porseni PGRI Kabupaten Bandung lumangsung 24-25 September 2023 di Lapangan Yonif Para Raider 330 Nagreg Kabupaten Bandung. /Sopandi/Galura co.id

GALURA CO.ID- Aya 3.100 atlet aub dina Pekan Olahraga dan Seni (Porseni) PGRI Kabupaten Bandung taun 2023 nu digelar di Lapangan Yonif Para Raider 330 Nagreg Kabupaten Bandung, Saptu-Senin (23-25/09/2023).

Porseni PGRI Kabupaten Bandung taun 2023 nu dijejerna Karya dan Prestasi Membangun Negeri terus Melaju untuk Indonesia Maju teh sajaba diiluan ku 3.100 atlet, ogè ngaubkeun 465 pelatih, 31 pingpinan kontingen, 135 patugas pertandingan, jeung 75 urang panitia panyelenggara.

Porseni PGRI dibuka ku Bupati Bandung Dr. H.M Dadang Supriatna, diluuhan ku rèngrèngan Forkopimda Kabupaten Bandung, Asisten Pemkesra Kabupaten Bandung, Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung katut para Camat di auban Pemkab Bandung.

Baca Juga: 123 Calon Guru Penggerak Miluan Lokakarya

Dina eta kasempetan tilu atlèt asal PGRI Cabang Banjaran, Dayeuhkolot, jeung PGRI Cabang Margaasiih kasinugerahan hadiah umrah ti Bupati Bandung, anggota Komisi III DPR RI Cucun Ahmad Syamsurijal, jeung ti Sekretaris Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung.

Dadang Supriatna nètèlakeun, iwal ti kudu mibanda kapabilitas transformasi elmu pangaweruh nu kuat, guru ogè diperedih mibanda jasmani nu sehat.

Ketua PGRI Kabupaten Bandung Adang Syafa'at ngajelaskeun tujuan diayakeun Porseni PGRI Kabupaten Bandung, pikeun ngembangkeun ajen-inajen kompetitif dina kagiatan olahraga jeung seni.

Engkena  nunuwuhkeun sikap sportivitas jeung disiplin. "Porseni PGRi ogè sarana silaturahmi warga PGRI dina raraga ningkatkeun persatuan persaudaraan ku cara kompetisi," pokna.

Adang nyebutkeun cabang olahraga nu dipatandangkeun dina Porseni taun ayeuna aya 6 cabang olahraga: bola voli putra jeung putri, bulutangkis putra jeung putri, tenis meja putra jeunh putri, senam aerobik perorangan, senam aerobik beregu, jeung senam kreasi.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah