Rembug Bedas di Desa Sayati Bupati Bandung Diperedih Ngungkulan Banjir Jadek

- 21 September 2023, 06:05 WIB
Bupati Bandung Rembug Bedas ka-50 di Desa Sayati, Rebo (20/9/2023) sorè., di antarana warga meredih sangkan banjiur di Jadek diungkulan.
Bupati Bandung Rembug Bedas ka-50 di Desa Sayati, Rebo (20/9/2023) sorè., di antarana warga meredih sangkan banjiur di Jadek diungkulan. /Sopandi/galura.co.id

GALURA. CO.ID- Bupati Bandung Dr. H.M. Dadang Supriatna diperedih sangkan ngungkulan banjir di Jalan Dengdek (Jadek) di wates Desa Sayati jeung Desa Margahayu Selatan Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung.

Ieu pameredih diujaringkeun ku Wawan, Ketua RW 08 lembur Sayati Hilir, Desa Sayati basa Bupati Bandung Rembug Bedas ka-50 di Desa Sayati, Rebo (20/9/2023) sorè.

Samèmèhn di Desa Sayati dina poè harita kènèh Bupati Bandung Rembug Bedas ka-48 di Desa Cikoneng Kecamatan Ciparay, tuluy ka Desa Cangkuangkulon Kecamatan Dayeuhkolot, Rembug Bedas ka-49, sorèna Rembug Bedas di Desa Sayati.

Baca Juga: Anggota DPRD Kabupaten Bandung Toni Permana Curigaeun Para Spekulan Ngulinkein Harga Bèas

Sajaba narima pamaredih sangkan ngungkulan caah di Jadek, Bupati Bandung katut para Kepala OPD narima aspirasi warga. Dina eta kasempetan warga ngahaturkeun nuhun ka Bupati kana program nu geus diwujudkeun. Wawan oge nganuhunkeun kana intensif jeung BPJS-na para Ketua RT jeung RW.

Di hareupeun ratusan warga Desa Sayati nu diondang di Gedung Dakwah PC Muhammadiyah RW 07, Bupati Bandung langsung ngaluarkeun instruksi ka para Kepala OPD pikeun nangtukeun lengkah-lengkah keur ngungkulanana.

Upamana wae soal banjir Jalan Dengdek, ieu teh balukar mudalna walungan Cikahiyangan. Bupati langsung nginstruksikeun ka OPD gancang ngungkulanana. Cenah mah waragadna tina anggaran perubahan taun ieu.

Ngeunaan Walungan Cikahyangan ditepikeun ogè samèmèhna ku Kepala Desa Sayati Nandar Kusnandar. Inyana ogè nganuhunkeun ka Bupati Bandung nu geus nyusud lokasi nitènan kaayaan Walungan Cikahiyangan tur nglakukeun lengkah-lèngkah pikeun ngungkukan pasualan walungan Cikahiyangan.

Baca Juga: Ungggal Poe Siswa SMA Muslimin Cililin Kabupaten Bandung Barat Tadarus jeung Solat Duha

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah