Jadi Kades 18 Taun di Cangkuangkulon Kabupaten Bandung, Cecep Ahmad Ebod Undur Diri, rek Nyaleg

- 20 September 2023, 11:48 WIB
Kepala Desa Cangkuangkulon Kecamatan Dayeuhkolot Kabupaten Bandung Cecep Ahmad (Ebod) undur diri satutas 18 taun jadi kades, inyana nyalonkeun diri jadi anggota DPRD Kabupaten Bandung.
Kepala Desa Cangkuangkulon Kecamatan Dayeuhkolot Kabupaten Bandung Cecep Ahmad (Ebod) undur diri satutas 18 taun jadi kades, inyana nyalonkeun diri jadi anggota DPRD Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura co.id

GALURA CO.ID -Bupati Bandung ngagelar Rembug Bedas ka-49 di Desa Cangkuangkulon, Kecamatan Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung, Rebo (20/9/2023) beurang.

Isuk-isukna pamarentah Desa Cangkuangkulon ngagelar acara pisah sambut Kepala Desa Cangkuang Kulon ti Cecep Ahmad (Ebod) ka Plt Agus Ali.

Cecep Ahmad geus ngajabat Kepala Desa Cangkuang Kulon 3 periode, bèak jabatanana taun 2025, ngan ngundurkeun diri sabab nyalonkeun diri jadi anggota legislatif (nyaleg) keur DPRD Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Ku “Budak Pahatulalis”, Yasmin Khumairah Tandang di FTBI Tingkat Kabupaten Bandung

Sekretaris Desa Cangkuangkulon, Gun Gun H. Permana, kacida ngabageakeunana Rembug Bedas di Desa Cangkuangkulon. Rembug Bedas Bupati tèh tarèkah ngawadahan aspirasi langsung ti warga tur sakalian mèrè bongbolongan.

Ku kituna, Gun Gun miharep ka warga sangkan ngamangpaatkeun Rembug Bedas pikeun nepikeun aspirasi ka Bupati Bandung, upamana ngeunaan insfrastuktur, jalan, gang, rutilahu, jeung sajabana.

Gun Gun nyebutkeun sanajan pamarèntah Desa Cangkuangkulon geus ngajukeun 20 unit rutilahu, tapi masih kènèh kurang. "Simkuring ngabageakeun pisan Rembug Bedas Pak Bupati, sareng miharep dimangpaatkeun ku warga, " ceuk Gun Gun.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah