Ku “Budak Pahatulalis”, Yasmin Khumairah Tandang di FTBI Tingkat Kabupaten Bandung

- 20 September 2023, 10:00 WIB
Yasmin Khumairah siswa kelas 1 SDN Sukamenak 03 Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung pinunjul ka-1 dina lomba Maca Sajak Sunda FTBI tingkat kacamatan. Sajak  nu dibacakeunana Budak Pahatulalis karya Dadan Sutisna.
Yasmin Khumairah siswa kelas 1 SDN Sukamenak 03 Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung pinunjul ka-1 dina lomba Maca Sajak Sunda FTBI tingkat kacamatan. Sajak nu dibacakeunana Budak Pahatulalis karya Dadan Sutisna. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Dina lomba Maca Sajak Sunda, salasahiji lomba dina Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) tingkat Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, 4 September 2023, Yasmin Khumairah maca sajak “Budak Pahatulalis” karya Dadan Sutisna nu dibacakeun ku

Yasmin Khumairah tèh murid kelas 1 SDN Sukamenak 03 Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung. Dina macakeun ieu sajak Yasmin teu mawa tek alias ditalar, tur kacida ngajiwaanana. Teu aneh tina 20 pamilon Maca Sajak Sunda, Yasmi jadi pinunjul kahiji.

Ku kituna, putri tunggal ti kulawarga Arif Suryadi jeung Ayu nu digumelarkeun di Bandung, laju ka FTBI tingkat Kabupaten Bandung nu rencanana digelar bulan Oktober.

Baca Juga: Siswa Asal Maluku nu Sakola di MTs Khoerul Usroh Sumedang Leuwih Suhud Diajarna

Tina 7 lomba FTBI; lomba Biantara Basa Sunda, Pupuh, Maca Sajak Sunda, Ngadongèng, Borangan (Ngabodor Sorangan), Maca jeung Nulis Aksara Sunda, katut lomba Ngarang Carpon, panglobana nu diiluan tèh lomba maca sajak.

Kepala SDN Sukamenak 03 Tuti Herawati, M.Pd nyebutkeun, dina FTBI tingkat Kecamatan Margahayu, SDN Sukamenak 03 iwal ti ngaubkeun Yasmin pikeun maca sajak, oge ngirimkeun siswana keur miluan 4 lomba sèjènna.

Anu jadi pinunjul kahiji mah Yasmin Khumairah dina lonba Maca Sajak Sunda jeung Muhammad Arkan Putra Hanapi dina lomba Biantara Basa Sunda. Ari lomba Pupuh jeung lomba Borangan juara ka-3.

"Tangtos nu lajeng ka tingkat Kabupaten nu pinunjul kahiji. Engkè upami tos aya kacindekan waktosna badè diaping deui, Mugia Yasmin sareng Muhammad Arkan di FTBI Kabupaten Bandung ogè tiasa punjul, " ceuk Tuti basa ditepungan di kantorna can lila ieu.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x