Siswa Asal Maluku nu Sakola di MTs Khoerul Usroh Sumedang Leuwih Suhud Diajarna

- 19 September 2023, 14:00 WIB
Bangunan MTs Khoerul Usroh di Kabupaten Sumedang. siswana rea ti Maluku, leuwih suhud diajarna.
Bangunan MTs Khoerul Usroh di Kabupaten Sumedang. siswana rea ti Maluku, leuwih suhud diajarna. /Galura/galura.co.id

 

Siswa MTs Khoérul Usroh di Jalan Talun Kidul, Kacamatan Sumedang Utara, Kabupatén Sumedang, di antarana sababaraha urang ti Maluku. Kana dialajarna leuwih suhud jeung leuwih disiplin.

GALURA.CO.ID -Madrasah Tsanawiyah (MTs.) Khoérul Usroh téh pernahna di Jalan Talun Kidul, nomer 20, Rt. 01, Rw. 04 Kelurahan Talun, Kacamatan Sumedang Utara, Kabupatén Sumedang. Ieu sakola téh diadegkeun ku Yayasan Khoérul Usroh taun 2006 ngahiji jeung pasantren, dibaladah ku KH. Eman SulaémanM.Pd.I, sareng salasaurang putrana Ahmad Muntashibulhaq.

Ti barang diadegkeun ieu sakola téh geus boga wangunan sorangan, boh rohangan Kepa­la Sakola, Guru, boh rohang­an kelas. Tambahna mas­jid ageung. Kitu ditepikeun ku Kepala Sakola, Luthfi Dzulqarnain, S.Pd.

"Jalaran ngahiji sareng pasantrén, nu janten program unggulan Madrasah Tasnawiyah Khoérul Usroh téh tahfidz sareng baca tulis Qur'an, tambihna ngaderes Kitab Kuning," ceuk ieu Kepala Sakola lulusan Bahasa Arab UPI Bandung téh.

Baca Juga: Mapella Unla dina Mapeling Mahasiswa Anyar, Nyalametkeun nu Kapahung di Lante 6

Leubeut prestasi

Ceuk Luthfi, najan ieu madrasah téh umurna kaitung ngora kénéh, tapi geus sababaraha kali nyangking kajuaraan, utamana Juara Qasidah nu diayakeun dina sababaraha kagiatan di Kabupatén Sumedang.

Pon kitu deui guruna, aya nu nyangking gelar juara: guru Bahasa Sunda anu ogé pangarang Sunda, Fitria Puji Lestari kungsi Juara Sayembara Lomba Menulis Cerita Anak nu diayakeun ku Balai Bahasa Jawa Barat taun 2023.

Luthfi, Kepala Sakola nu kungsi ngajar di SMK Pemuda Sumedang tur ngarangkep jadi Ustadz di pasantrén, ngarinci jumlah mata pelajaran, guru jeung murid madrasah nu dipingpinna. Jumlah murid 30 urang, guru 10 urang, jeung 14 mata pelajaran. Jadi saurang guru aya nu ngajar 2 mata pelajaran.

Tina murid sakitu téh aya nu mondok di pasantrén aya ogé nu didugdag ti imahna. "Nu janten pasualan," cék ieu putra ka 5 ti 7 sadulur nu kagungan yayasan téh.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x