SLB C YSDP Bagor Rancah jeung SLB C Cijeungjing Kabupaten Ciamis Dinegrikeun

- 31 Agustus 2023, 19:30 WIB
Kepala Disdik Jawa Barat Wahyu Hamijaya nandatangan prasasti diresmikeunana SLB  Negeri Rancah, di Cisontrol, Kecamatan Rancah Kabupaten Ciamis (30/08/2023).
Kepala Disdik Jawa Barat Wahyu Hamijaya nandatangan prasasti diresmikeunana SLB Negeri Rancah, di Cisontrol, Kecamatan Rancah Kabupaten Ciamis (30/08/2023). /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID – Dua Sekolah Luar Biasa (SLB) swasta di Kabupaten Ciamis dijadikeun SLB negri. Eta dua SLB teh: SLB C YSDP Bagor Rancah jeung SLB C Cijeungjing. Duanana diresmikeun ku Kepala Disdik Jabar, Wahyu Hamijaya di Cisontrol Rancah, Kemis (30/08/2023).

Kepala Disdik Jabar nyebutkeun SLB C YSDP Bagor Rancah jeung SLB C Cijeungjing Kabupaten Ciamis dijadikeun SLB negeri teh udagana keur leuwih ngaronjatkeun pangladen pamarentah Provinsi Jawa Barat ka masarakat, lebah dieu keur atikan barudak nu merelukeun layanan atikan khusus.

Ku dinegrikeun, kawas SLB C YSDP Bagor Rancah jeung SLB C Cijeungjing Kabupaten Ciamis, ceuk Kepala Disdik Jabar, pamarentah Provinsi Jawa Barat jadi leuwih laluasa dina ngalengkepan sarana jeung prasarana SLB, di antarana fasilitas jeung guru-guruna.

Baca Juga: Wisuda ka-29 Uniku, 40 Persen Lulus Nyandang Predikat Cumlaude

“Pamarentah tiasa langkung ngaoptimalkeun masihan layanan ka masarakat anu murangkalihna meryogikeun pendidikan husus,” ceuk Kepala Disdik Jabar waktu ngawangkong jeung Galura sarengsena acara.

Kepala Disdik Jabar nyebutkeun aya sababaraha kriteria SLB swasta bisa jadi SLB negeri. Di antarana di tempat ngadegna SLB jeung sabudeureunana, tacan aya SLB negeri, pikeun ngajaga sangkan henteu tepi ka parebut siswa.

Kepala Disdik Jabar masrahkeun SK SLB YSDP Bagor Rancah Kabupaten Ciamis jadi SLB Negeri Rancah.
Kepala Disdik Jabar masrahkeun SK SLB YSDP Bagor Rancah Kabupaten Ciamis jadi SLB Negeri Rancah.

Anu sejenna: siswana rea jeung nu ngokolakeun SLB swasta, yayasan, bener-bener mikahayang SLB nu dikokolakeunana jadi negeri. Lian ti eta yayasan rela aset SLB-na dipasrahkeun ka pamarentah.

SLB C YSDP Bagor Rancah nu pernahna di Jalan Raya Cisontrol tadina dikokolakeun ku Yayasan Sosial Dana Pendidikan Badan Gotong Royong (YSDP Bagor) sarta meunang idin operasional taun 1988.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah