Bupati Bandung: Atikan di Pasantren Bisa Nyitak Pamingpin nu Mibanda Ahlakulkarimah

- 9 Agustus 2023, 10:00 WIB
Bupati  Bandung dina Tabligh Akbar Festival Milad ka-40 Pontren Danul Falah taun 1445 H (06/08/2023) nyebutkeun atikan atikan di pasantren bisa nyitak pipamingpineun nu mibanda karakter jeung alhakul karimah.
Bupati Bandung dina Tabligh Akbar Festival Milad ka-40 Pontren Danul Falah taun 1445 H (06/08/2023) nyebutkeun atikan atikan di pasantren bisa nyitak pipamingpineun nu mibanda karakter jeung alhakul karimah. /Sopandi/Galura

GALURA - Bupati Bandung dina Tabligh Akbar Festival Milad ka-40 Pontren Danul Falah taun 1445 H di Aula Saung Bambu Pontren Danul Falah Desa Margamekar Kecamatan Pangalengan (06/08/2023) nyebutkeun atikan atikan di pasantren bisa nyitak pipamingpineun nu mibanda karakter jeung alhakul karimah.

“Atikan di pesantren ngabantu pisan pamarèntah,” ceuk Bupati Bandung, Dadang Supriatna, waktu biantara dina Tabligh Akbar Festival Milad Pontren Danul Falah ka-40 taun 1445 H di Desa Margamekar, Pangalengan, Kabupaten.

Bupati Bandung miharep dina miladna nu ka-40, Pontren Danul Falah leuwih nanjung jeung terus nyiptakeun kader-kader bangsa calon pamingpin nu mibanda ahlakul karimah.

Baca Juga: PPDB 2023 di Kabupaten Ciamis, Teu Meunang Aya Pulutan Nanaon

Bupati Bandung ngajelaskeun ngeunaan sektor atikan hususna harepan lilana sakola masarakat Kabupaten Bandung nu ngahontal 12,7 taun. Samèmèhna rata-rata lila sakola 8,8 taun.

"Dina Desember 2022, rata-rata lila sakola undak jadi 9,07 tina samèmèhna 8,8 taun, undakna kana 0,9 taun ti jumlah cacah jiwa Kabupaten Bandung 3,7 juta jiwa," ceuk Bupati Bamdung.

Pikeun ngadeudeul lilana sakola masarakat Kabupaten Bandung, Dadang Supriatna mogramkeun ditambahanana prasarana sarana pendidikan, ngadegkeun SD jeung SMP, katut SMA anyar. Diharepkeun bisa ningkatkeun rata-rata lila sakola di Kabupaten Bandung.

Pokeun ngabantu ngafasilitasan pendidikan masarakat Kabupaten Bandung, ceuk Dadang Supriatna, pihakna geus ngapungkeun program Besti (Beasiswa ti Bupati). Persaratanana minimal hafidz alquran sajuz.

Baca Juga: LSM Penjara Cabang Majalengka Meredih Inspektorat jeung Kejari  Ngungkab Pungli di Sakola

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x