Pocil SDN Majalengka Wetan IV Nyangking Dua Gelar Juara dina Lomba Pocil di Polda Jabar

- 11 Agustus 2023, 12:59 WIB
Pocil SDN Majalengka Wetan IV nyangking dua gelar juara dina lomba Pocil tingkat Jawa Barat nu dilaksanakeun di Polda Jabar awal Juni 2023 katukang dina raraga HUT Bhayangkara ka 77
Pocil SDN Majalengka Wetan IV nyangking dua gelar juara dina lomba Pocil tingkat Jawa Barat nu dilaksanakeun di Polda Jabar awal Juni 2023 katukang dina raraga HUT Bhayangkara ka 77 /Ayank/Galura

GALURA - Pocil (polisi cilik) SDN Majalengka Wetan IV nyangking dua gelar juara dina lomba Pocil tingkat Jawa Barat nu dilaksanakeun di Polda Jabar awal Juni 2023 katukang dina raraga HUT Bhayangkara 2023.

Dina lomba Pocil di Polda Jabar pikeun ngareuah-reuah HUT Bhayangkara 2023, Pocil SDN Majalengka Wetan IV nyangking dua gelar: The Best Performance from Social Media jeung gelar Potensial.

Dina gelaran lomba Pocil di Polda Jabar, anu jadi wawakil ti Kabupaten Majalengka teh SDN Majalengka Wetan IV. Anu miluan ti sakuliah Provinsi Jawa Barat dina raraga mieling HUT Bayangkara 2023.

Baca Juga: Kabupaten Majalengka Nyadiakeun Anggaran Rp68 Milyar keur Padat Karya Tunai, Unggal Desa Meunang Rp200 Juta

Kadisdik Majalengka Dr Hj. Lilis Yuliasih, M. Pd., ngungkabkeun kareueus tur gumbirana ka prestasi Pocil Majalengka, dipiharep sangkan prestasi Pocil Majalengka bisa dironjatkeun deui.

"Hatur nuhun ka Polres Majalengka nu tos ngalaksanakeun Police Goes to School nu dikokolakeun ku Santlantas Polres Majalengka. Hal eta tangtosna kangge maparinan pamahaman perkawis pentingna kasalametan berlalu lintas ka sakymna murid sakola," ceuk Kadisdik Majalengka.

Kadisdik Majalengka nyebutkeun anu miluan lomba Pocil di Polda Jabar teh nu siswa SDN Majalengka Wetan IV.

Santlantas Polres Majalengka geus ngalaksankeun kagiatan Dikmas Lantas "Police Goes to School" di SDN Majalengka Wetan IV, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Senen (31/7/2023).

Baca Juga: Katilukalina, Agus Ahmad Sopyan Kapilih deui Jadi Kepala Desa Heuleut Kecamatan Kadipaten Majalengka

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah