GALURA -Desa Kersamanah Kabupaten Garut teh ngadeg antara taun 1918 jeung 1920. Titimangsana ngahijina dua kadusunan: Dusun Ciarog jeung Dusun Panamur. Kadusunan Ciarog, harita, nu jadi kokolotna teh Natadisastra; Kadusunan Panamur kokolotna: Emon.
Emon nu ngaganti Husen Madsalim dilandi Mama Lebe, ari Natadisastra dilandi Mama Kuwu.
Sanggeus Desa Kersamanah ngadeg, hasil kasapukan sarerea nu jadi kuwu atawa kepala desana teh Natadisastra. “Bapa Emon mah mundur alatan geus kolot,” ceuk Undang.
Lian ti Desa Kersamanah, harita, nu dihijikeun teh Kadusunan Cioray, Kadusunan Cipatik, jeung Kadusunan Singkup, dimergerkeun, ngaranna jadi Desa Nanjungjaya tepi ka ayeuna.
Harita pinisepuh warga Singkup, kurang panuju Kadusunan Singkup kaereh ka Desa Nanjungjaya, antukna ngaleupaskeun diri deui turta kiwari wilayah Singkup teh ngaranna jadi Desa Girijaya.
Ceuk sakaol, Nanjungjaya teh, nyokot ngaran hiji waliyullah nu ngaranna Eyang Jaya, kumereb di Ciorayhilir.
Medar lalakon satuluyna, ceuk Undang jeung Awang nu resep neuleuman sajarah, waktu rek maheutkeun wates lembur, samemeh jadi Desa Kersamanah jeung Desa Nanjungjaya, Eyang Sacaruddin jeung Eyang Talun nu nelah disebut Eyang Isnen, adu kasaktian heula nu tempatna di lelewek Cipandang.
Duanana ge taya nu eleh. Laju nyieun kasapukan. Desa Nanjungjaya, wilayahna leuwih lega. “Heug, desa andika nu lega, jadi jagang, ngan jagongna mah keur turunan kaula,” ceuk Eyang Sacaruddin.