Kersamanah (5), Eyang Puramanggala Ngukut Maung, Eyang Waliun Mampu Ngadatangkeun Hujan Gelap Dordar

- 8 Agustus 2023, 10:00 WIB
Kuburan Karamat Eyang Ali Mukoyim jeung Eyang Waliun di Makam Umum Pasangrahan, Desa Kersamanah, Kabupaten Garut.
Kuburan Karamat Eyang Ali Mukoyim jeung Eyang Waliun di Makam Umum Pasangrahan, Desa Kersamanah, Kabupaten Garut. /Cecep /Galura

GALURA -Eyang Puramanggala jeung pangiringna, ngababakan muka lembur. Lemburna teh nu nelah Kampung Ciarog, nu ayeuna kabawah ka Desa Kersamanah Kabupaten Garut ayeuna. Di eta lembur, Puramanggala muka pasantren, ngatik ngadidik pangiringna nu sakabehna urang Jawa.

“Jadi, bener pisan, mun Eyang Puramanggala, disebutkeun sesepuhna urang Ciarog, malah sesepuh sakumna urang Desa Kersamanah,” Ustadz Mangsyur. Komo deui Eyang Puramanggala muka pasantren.

Lian ti boga kukutan, maung nu sukuna pincang, Eyang Puramanggala, ninggalan pusaka nu wujudna, pedang, keris jeung al Qur’an nu ukuranna leutik. “Alhamdulillah, tina hasil tawasul, kabeh pusakana aya disimkuring,” pokna.

Baca Juga: Desa Kersamanah (1) Eyang Sacarudin ti Demak Nutur-nutur Hiberna Manuk Titiran

Baca Juga: Desa Kersamanah (2) Tadina Leuweung Gerotan, Panonoban Rampog jeung Garong

Baca Juga: Desa Kersamanah (3) Gegedug Gorombolan nu Gangas Serah Bongkoan ka Lurah Yahya

Ustadz Mangsyur ngojengkang ka kamar petengna, teu lila nembongkeun pusaka. Hanjakal, eta pusaka teh teu meunang dipoto. Katangen, pedangna rada panjang, herang, kitu deui kerisna eluk tujuh.

Amanat Eyang Puramanggala, ceuk Ustadz Mangsyur, eta pusaka teh teu beunang dibikeun kasasaha. Eta pedang jeung keris, riwayatna, urut Eyang Puramanggala, perang tanding ngayonan tentara Belanda, mangsa masih dumuk di Jawa.

Harita Eyang Puramanggala, dibeberik ku tentara Belanda, saniskara siasat geus dilakukeun, ngan Eyang Puramanggala teu weleh salamet. Nu ahirna, pondok pasantrenna diserang jeung diduruk ku Belanda.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x