Haji Prawatasari (2) Aria Sacanata, Ngurud Kumis Sultan Mataram Sabeulah

- 30 Juli 2023, 06:00 WIB
Haji Prawatasari jenenganana diabadikeun jadi ngaran taman di Kabupaten Cianjur.
Haji Prawatasari jenenganana diabadikeun jadi ngaran taman di Kabupaten Cianjur. /

GALURA – Inohong Panjalu, H. Atong suwargi turunan Prabu Borosngora memang aya nu baruntak ka Mataram nu harita geus raket jeung Belanda. “Jenenganana teh Raden Aria Sacanata Gandakerta.

Raden Aria Sacanata nu disebat oge Aria Salingsingan turunan ka-8 ti Prabu Borosngora. Inyana dimakamkeun di Kampung Nambo, Desa Bingkeng, Dayeuhluhur, Cilacap, Jawa Tengah.

Raden Aria Sacanata teh kungsi jeneng jadi bupati Panjalu, ngaganti seuweu lanceukna nu leutik keneh, Wirabaya. Mun Wirabaya geus dewasa Panjalu dipasrahkeun ka Wirabaya.

Baca Juga: Haji Prawatasari (1) Cenah mah Rundayan Panjalu Ciamis

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, Urang Cai jeung Urang Gunung

Baca Juga: Kuliner Cirebon Sega Jamblang Asalna ti Jamblang, Sidekah ti Pangusaha Mulim keur Tukang Bangunan

Beh dieu karajaan Soko Galuh Panjalu jadi kabupaten kabawah ka Cirebon, ku kituna anu marentah di Panjalu lain raja, tapi bupati atawa dalem,.

Kabupaten Panjalu oge teu bisa leupas tina pangaruh pulitik di Priangan harita. Wewengkon Priangan kaereh ka Mataram, atuh Panjalu oge kabawah ka Mataram.

Hiji mangsa, Sultan Mataram manggil parabupati nu aya di daerah kakawasaanana, kabeh sina ngadeuheus ka Mataram. Aria Sacanata narah seba ka Mataram, nya diwakilkeun ka Wirabaya.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah