Haji Prawatasari (1) Cenah mah Rundayan Panjalu Ciamis

- 29 Juli 2023, 10:22 WIB
Haji Prawatasri, pajuang nu ngalawan Belanda, ceuk sakaol rundayan Panjalu Ciamis.
Haji Prawatasri, pajuang nu ngalawan Belanda, ceuk sakaol rundayan Panjalu Ciamis. /

GALURA -Haji Prawatasari? Haji Prawatasari teh pajuang ti Jampang Manggung, bareto kabawah ka Cianjur ayeuna kabawah ka Kabupaten Sukabumi, nu ngageunjleungkeun Belanda jeung usang-esangna bangsa pribumi, kaasup di Ciamis

Haji Prawatasari baruntak kana kakawasaan Belanda ti taun 1703 tepi ka 1707, salila opat taun. Baruntakna di wewengkon Cianjur, Priangan kaasup Ciamis,  Jakarta, Bogor, jeung Jawa Tengah.

Dina sababaraha versi, disebutkeun Haji Prawatasari nu memeh munggah haji ngaranna Dalem Alit atawa Raden Alit teh turunan Prabu Borosngora, raja Soko Galuh Panjalu, raja nu nyebarkeun agama Islam di wewengkon Ciamis jeung Jawa Barat.

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, Urang Cai jeung Urang Gunung

Baca Juga: Tatar Ukur jeung Dipati Ukur, Riwayat Priangan jaman Mataram

Baca Juga: Raja Sunda Tarusbawa Ngarerepeh Patelakna Karajaan Kalingga jeung Karajaan Sriwijaya

Legenda di Panjalu, kitu deui Babad Panjalu, henteu nyebut-nyebut ngeunaan Haji Prawatasari. Taya nurangkeun Haji Prawatasari teh turunan Prabu Borosngora.

Prabu Borosngora

Dina sejarah lisan, Prabu Borosngora nu kungsi jadi santrina Ali bin Abu Thalib, sanggeus ngecagkeun kalungguhanana, ti taun 700 Masehi ngalalana, nyebarkeun agama Islam, ngestokeun amanat guruna, Ali Bin Abu Thalib.

Wanoh kana agama Islam, pedah Prabu Borosngora teh ku bapana dijurung neangan elmu nu gede mangpaatna keur anak-incu, lantaran elmu nu dicangking ku bapana engke mah moal aya mangpaatna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah