GALURA -Sabada ngahijikeun Sunda jeung Galuh, Jayadewata nu gelarna Sri Baduga Maharaja mindahkeun puseur dayeuh karajaan ti Kawali ka Pakuan Pajajaran. Sri Baduga Maharaja hayang leuwih merhatikeun maritim. Karajaanana nu agraris rek dikuatkeun ku maritim.
Najan puseurna masih di Kawali, palabuan Sundakalapa tetep mekar jadi palabuan badag jeung penting, lantaran aya nu ngokolakeunana. Sri Baduga Maharaja mindahkeun puseur karajaanana ka Pakuan Pajajaran keur sangkan leuwih dari dina mekarkeun kakuatan maritim.
Sanggeus puseur dayeuh karajaanana di Pakuan Pajajaran henteu di Kawali, Sri Baduga Maharaja dua kali ngirimkeun seuweuna, Surawisesa nepungan Portugis di Malaka. Sri Baduga hayang ngajalin hubungan bilateral jeung Portugis dina maritim jeung kaamanan.
Baca Juga: Sundakalapa Palabuan Penting ti Jaman Tarumanagara tepi ka Jaman Pajajaran
Portugis ngawasa Malaka taun 1511 Masehi. Malaka dipake pamiangan ku Portugis keur lalanto ka Asia Tenggara jeung ka Asia Timur.
Mandang palabuan Sundakalapa teh penting pisan keur perdagangan internasional, taun 1522 Gubernur Alfonso d'Albuquerque nu dumuk di Malaka ngutus Henrique Leme nedunan undangan Sri Baduga Maharaja.
Tanggal 21 Agustus 1522 dintandatangan kasapukan antara Pajajaran jeung Portugis. Portugis rek ngabangun loji (kantor, paimahan nu di jero benteng) di palabuan Sundakalapa.
Minangka timbal balikna Portugis ngirim barang-barang nu diperlukan ku Pajajaran. Sri Baduga Maharaja oge ngirim sahang lobana 1.000 karanjan.
Baca Juga: Angklung Buhun Kanekes, Bukti Angklung geus Aya Jauh Samemeh Jaman Karajaan Pajajaran