Desa Kersamanah (2) Tadina Leuweung Gerotan, Panonoban Rampog jeung Garong

- 5 Agustus 2023, 07:29 WIB
Kantor Kecamatan Kersamanah Kabupaten Garut, wewengkon Kersamanah tadina leuweung gerotan panonoban rampog jeung garong.
Kantor Kecamatan Kersamanah Kabupaten Garut, wewengkon Kersamanah tadina leuweung gerotan panonoban rampog jeung garong. /

GALURA -Taya katerangan nu jelas, taun sabaraha Desa Kersamanah, Kecamatan Kersamanah, Kabupaten Garut, ngadegna teh. Aya nu nyebutkeun, Desa Kersamanah, ngadegna taun 1911, 1913, jeung taun 1916.

Ningali tina dokumentasi catetan Bapa Soewarno suwargi nu dicekel ku Awang, salah saurang seuweuna nu dumuk di Kampung Kurnia, Desa Kersamanah Kabupaten Garut ngadeg taun 1918.

Hanjakalna, dina eta dokumentasi, taya rengkolna catetan sajarah ngeunaan, runtuyan para kepala Desa Kersamanah Kabupaten Garut ti mimiti ngadeg taun 1918.

Baca Juga: Desa Kersamanah (1) Eyang Sacarudin ti Demak Nutur-nutur Hiberna Manuk Titiran

Mapay ka sawatara kokolot lembur nu masih araya, taya nu bisa nerangkeun ngeunaan lalampahan Desa Kersamanah.

“Ari ngaran Kersamanah mah, hartina teh, ridona hate,” ceuk Ustad Mansyur. Manah teh hate, ari kersa hartina daek. Manah jeung kersa, duanana basa lemes

Ceuk sakaol tadina wewengkon Desa Kersamanah teh leuweung geledegan nu arang kasaba ku jelema. Arang jalma nu wani ngulampreng ka ieu wewengkon teh da bubuhan hara-haraeun tea.

Jaman harita, di eta patempatan teh meuweuh ku garong jeung rampog. Beh dieu diganggu ku tentara Belanda sarta sanggeus merdeka mindeng dirampog ku gorombolan pimpinan Kartosuwiryo.

Baca Juga: Patani Bako di Desa Cisalak Kecamatan Lemahsugih Kabupaten Majalengka meunang BLT tina DBHCHT

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x