Patani Bako di Desa Cisalak Kecamatan Lemahsugih Kabupaten Majalengka meunang BLT tina DBHCHT

- 4 Agustus 2023, 18:35 WIB
Pelak bako di Desa Cisalak, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, patani meunang BLT tina  DBHCHT
Pelak bako di Desa Cisalak, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, patani meunang BLT tina DBHCHT /DIdi/Galura

GALURA  -Patani bako di Desa Cisalak,  Kecamatan Lemahsugih Kabupaten Majalengka menang bantuan langsung tunai (BLT) tina program DBHCHT(Dana Bagi Hasil Cukai Hasil Tembakau) gedena masing masing meunang Rp3.300.000 pikeun sabelas bulaneun.

BLT tahap kahiji dibagikeun tanggal 2 Agustus 2024 keur 121 urang patani bako di Desa Cisalak Kabupaten Majalengka. Ari 179 urang deui diasupkeun kana bantuan provinsi tina program anu sarua tina DBHCHT.

Di Desa Cisalak Kabupaten Majalengka ceuk Atuzi, ketua pangurus patani bako Kecamtan Lemahsugih aya 9 kelompok Patani. Unggal kelompok dipupuhuan ku Abdul Jalil, Atuji, Anwarudin, Roni, Saprudin, Abdul Holik, Ence, Epen, jeung Jono.  Jumlah garapana 110 hektar. Kabeh patani  meunang BLT ti DBHCHT.

Baca Juga: Danana Alokasi tina APBN, Kabupaten Majalengka Meunang DBHCHT Rp7,72 Milyar

Dina melak bako patani Desa Cisalak geus propesional, geus ahlina. Kiwari keur panen. Lapang sepak bola pinuh ku bako nu keur dipoe. “Lolobana patani bako Desa Cisalak dikokolakeun ku sorangan," ceuk Atuzi.*** Didi R

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah