Tajug Cikendal di Cioray Tengah, Kecamatan Kersamanah Kabupaten Garut, Ngandung Ajen Sejarah (1)

- 3 Agustus 2023, 20:27 WIB
Tajug Cikendal di Kampung Cioray Tengah, Desa Nanjungjaya, Kecamatan Kersamanah, Kabupaten Garut diadegkeun taun 1830 Masehi.
Tajug Cikendal di Kampung Cioray Tengah, Desa Nanjungjaya, Kecamatan Kersamanah, Kabupaten Garut diadegkeun taun 1830 Masehi. /Cecep KS/Galura

GALURA -Di Kampung Cioray Tengah, Desa Nanjungjaya, Kecamatan Kersamanah, Kabupaten Garut kungsi ngadeg pasantren nu ngalahirkeun ulama-ulama jumhur. Ngan taya nu neruskeun, anu masih keneh aya ukur tajug nu dingaranan Tajug Cikendal.

Tajug Cikendal ukuran lima meter ka lima meter teh pernahna di tengah pasawahan di Kampung Cioray Tengah, Desa Nanjungjaya, Kacamatan Kersamanah, Kabupaten Garut.

Wangunan Tajug Cikendal geus kawilang kolot. Saliwat mah tajug biasa, teu beda jeung umumna tajug. Tapi upama disalusur eta tajug ngandung ajen sajarah nu kawilang luhung, lain ukur keur Kampung Cioray Tengah jeung Kabupaten Garut tapi oge keur wilayah Tatar Sunda.

Baca Juga: PC SPAI FSPMI, Kapolres Majalengka, K2UKM, jeung Satpol PP Ngado Bako, Nyawalakeun Hak Pagawe

Baca Juga: Mingpin Kaamanan Unjuk Rasa PC SPAI FSPMI, Kapolres Majalengka: Ajenan Hak Konstitusi Warga

Baca Juga: Danana Alokasi tina APBN, Kabupaten Majalengka Meunang DBHCHT Rp7,72 Milyar

Ceuk sakaol, Tajug Cikendal diadegkeun taun 1830 Masehi. Anu ngadegkeunna Kiayi Ahmad Syarif nu asalna ti Desa Kaliwungu, Jombang, Jawa Timur.

Pangna lembur Kiayi Ahmad Syarif dingaranan Kaliwungu teh, ku lantaran eta padesaan dikubeng ku walungan: Walungan Wangkal Kepuh, Walungan Jombang Kulon, Walungan Jombang Wetan jeung Walungan Putih.

Kiayi Ahmad Syarif nu saterusna katelah kusebutan Mama Cikendal, cenah mah bibit buitna ti Demak, bubuara ka Jombang. Di Jombang, ngulik elmu agama di hiji pasantren.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah