Ku Tarèkah Disbudpar Kabupaten Bandung Kunjungan Wisata Undak 300 Persen

- 2 Agustus 2023, 13:00 WIB
Kawasan wisata Kawah Putih, Disbudpar Kabupaten Bandung mampu ngundakeun 300 persen kunjungan wisata di Kabupaten Bandung.
Kawasan wisata Kawah Putih, Disbudpar Kabupaten Bandung mampu ngundakeun 300 persen kunjungan wisata di Kabupaten Bandung. /Sopandi/Galura

GALURA -Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaapresiasi Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupaten Bandung (Disbudpar Kabupaten Bandung) nu mampu ngaronjatkeun kunjungan wisata di Kabupaten Bandung. Ti taun 2020 tepi ka ahir 2022 undakna kana 300%.

Disbudpar Kabupaten Bandung nyatet taun 2020 wisatawan nu kunjungan wisata ka Kabupaten Bandung aya 2.072.697 urang, taun 2021 ngahontal 3.880.600 urang. Di ahir taun 2022, jumlah wisatawan ngahontal 6. 550.563 urang.

Jumlah sakitu teh 6.548.815 wisatawan domestik jeung 1.748 wisatawan mancanagara. “Ieu teh hal nu hade,” ceuk Bupati Bandung nyurahan kana undakna kunjungan wisata sakumaha nu dicatet ku Disbudpar Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Blangko KTP di Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung Kosong wae, Gagantina Suket

Baca Juga: Kapolda Jabar Ngarojong tur Siap Ngamankeun Kongres XXV PWI 2023 di Bandung

Baca Juga: Diskominfo Kabupaten Bandung: KIM Tarumajaya Payus Ngawakilan  Jawa Barat dina  KIMFest Nasional 2023

Ku kituna Bupati Bandung ngarojong Bagian Organisasi Setda Kabupaten Bandung nu nitimbangkeun Disbudpar jadi dinas tipe A.

Bupati Bandung nganggap Disbudpar bisa jadi lembaga pamarèntah nu difavoritkeun ku masarakat. Inyana meredih sangkan Disbudpar Kabupaten Bandung leuwih karasa mangpaatna ku masarakat.

Sangkan jadi perangkat daerah tipe A, ceuk Bupati Bandung, kudu dirojong sangkan sumber daya manusia (SDM) Disbudpar leuwih professional dina widangna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x