Blangko KTP di Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung Kosong wae, Gagantina Suket

- 1 Agustus 2023, 20:07 WIB
Kantor Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, blanko KTP kosong wae.
Kantor Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, blanko KTP kosong wae. /Sopandi/Galura

GALURA- Camat Margahayu Kabupaten Bandung Asep Suryadi nyebutkan, blangko KTP kosong waè di Kecamatan Margahayu. Padahal pihakna geus ngusulkeun mènta didrop ti Dinas Kependudukan dan Pencatatan Sipil (Disdukcapil) Kabupaten Bandung.

"Namung di Disdukcapil Kabupaten Bandung oge blanko KTP kawatesanan. Pamarèntah daerah gumantung kana suport blangko ti pamarèintah pusat, " ceuk Asep Suryadi di Kantorna, Salasa (1/8/2023).

Nu boga wewenang nyadiakeun blangko KTP teh pamarèntah pusat. Teu bisa saha baè nyayagikeun, kaasup pamarentah daerah. Jadi Kabupaten Bandung mun kakurangan blangko KTP menta dikirim ka pamarentah pusat.

Baca Juga: Seni Parebut Seeng Ngandung Atikan Karakter

Baca Juga: Seni Parebut Seeng Asalna ti Tradisi Paguron Penca Cimande

Baca Juga: Head Line Galura Cetak I Agustus 2023, Hari Sungai Nasional Tarekah Nyalametkeun Walungan

Ceuk Asep, pikeun gaganti KTP,  saheulanan masarakat  dibere surat keterangan (suket), atawa KTP elektronik. 

Asep Suryadi, Camat Margahayu Kabupaten Bandung.
Asep Suryadi, Camat Margahayu Kabupaten Bandung.

Asep Suryadi nyebutkeun pihakna geus nepikeun ka Disdukcapil jeung ka instansi-instansi nu memang dina ngurus administrasi merlukeun KTP, sangkan masarakat nu ngagunakeun suket atawa e-KTP tetep diladenan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x