Seni Parebut Seeng Ngandung Atikan Karakter

- 1 Agustus 2023, 18:00 WIB
Seni Parebut Seeng  mun ditengetan ngandung atikan keur ngabentuk karakter.
Seni Parebut Seeng mun ditengetan ngandung atikan keur ngabentuk karakter. /Artist-freed/

GALURA -Salasahiji jurus anu remen dipaké dina Seni Parebut Sééng nyaéta kelid. Ieu jurus pikeun ngagiwar jeung nakis. Ukuran kelid kudu meujeuhna teu ka harep teuing, jeung teu tukang teuing. Kudu aya di tengah-tengah, ngarah saimbang. Ieu jurus ngélingan ka anu ngawakan Ki Sunda kiwari sangkan sineger tengah.

Jurus kelid dina Parebut Seeng ngajarkeun Ki Sunda dina lebah adeg-adegna kudu kuat, pageuh, panceg anu eusina panceg dina tangtungan alif. Ieu hal keur ngingetan diri sangkan kuat kapribadian, panceg dina tangtungan. Dina laku hirup kudu istiqomah “cageur, bageur, bener, pinter, singer”.

Lian ti jurus kelid dina penca jeung dina Seni Parebut Seeng aya jurus selup, selup hartina nukeuran, paselup – patukeur. Rundayan Ki Sunda ulah méngpar tina ajaran agama jeung darigama.

Baca Juga: Seni Parebut Seeng Asalna ti Tradisi Paguron Penca Cimande

Baca Juga: Tarompet Sunda: keur Kendang Penca, jeung keur Sisingaan

Baca Juga: Dogdog Lojor, di Tatar Sunda, keur Nganteur Nyi Pohaci ka Leuit dina Ritual Seren Taun

Mun kungsi ngalampahkeun anu teu parok jeung ajaran agama katut darigama, atawa goréng kalakuanna, Ki Sunda kudu gancang insap, kudu gancang ngaganti ku lampah anu hadé.

Jurus selup dimimitian ku nyumputkeun leungeun dina kélék. Silib urang mun boga élmu ulah dipamerkeun, tapi kudu diamalkeun, ulah takabur, ulah sombong, kudu tawadu.

Selup akronim atawa wancahan tina kecap ser-lep. Ser medalna tina hawa lep kudu lelepkeun asupkeun kana cai kahuripan sangkan hirup tentreng jeung tingtrim. Lebah usik atawa ngusikeun suku dina ibing Cimande aya léngkah maju jeung mundur.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah