Tarompet Sunda: keur Kendang Penca, jeung keur Sisingaan

- 31 Juli 2023, 10:00 WIB
Pagelaran kasenian Sunda. Tarompet Sunda  aya dua: tarompét kendang penca jeung tarompét sisingaan.
Pagelaran kasenian Sunda. Tarompet Sunda aya dua: tarompét kendang penca jeung tarompét sisingaan. /

GALURA -Salasahiji waditra karawitan anu dipaénkeun ditiup nyaéta tarompet. Pangna dingaranan trompet dumasar kana onomatope (ngaran anu asalna tina sora).

Dina waditra karawitan, tarompet diwangun ku palet (bagian luhur), empét (paragi niup dijieunna tina daun kawung), awak (suling) paragi notol liang sora, jeung lawong bagéan buntut.

Tarompet anu ilahar dipaké dina waditra karawitan aya dua nyaéta tarompét kendang penca jeung tarompét sisingaan. Saliwat mah siga nu sarua, babakuna dina sorana.

Kendang Penca

Tarompét kendang penca sok dipidangkeun ogé dina seni réak, réog, gembyung atawa terbang, kuda rénggong jeung ngadu domba katut seni tradisi lianna.

Lagu anu dipirig ku tarompet nyaéta lagu-lagu dina kendang penca kayaning “Paléré-dan”, “Tepak Dua”, “Tepak Tilu”, “Pandungdung”, jeung lagu-lagu ketuktilu contona “Kembang Gadung”, “Kembang Beureum”, jeung “Buah Kawung”.

Téknik niupna rada béda jeung niup suling. Téknik niup tarompét ceuk ahli tarompet Yoyon Darsono: puruluk, borolo, héas, sengau, totot, guluyur, gelik, ombak, ketrok. Anu pangalusna niup disebut pangkoléarna.

Baca Juga: Indra Budiaji, M.Pd.: Tarawangsa jeung Binih Paré

Baca Juga: Dogdog Lojor, di Tatar Sunda, keur Nganteur Nyi Pohaci ka Leuit dina Ritual Seren Taun

Baca Juga: Upacara Adat Mapag Panganten Sunda, Hasil Motekarna Budayawan Wahyu Wibisana

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x