Dogdog Lojor, di Tatar Sunda, keur Nganteur Nyi Pohaci ka Leuit dina Ritual Seren Taun

- 12 Juli 2023, 11:00 WIB
Dogdog Lojor dina Seren Taun di kampung-kampung adat di Tatar Sunda dipake keur nganteur Nyi Pohaci asup kana leuit dina Seren Taun.
Dogdog Lojor dina Seren Taun di kampung-kampung adat di Tatar Sunda dipake keur nganteur Nyi Pohaci asup kana leuit dina Seren Taun. /

GALURA -Dogdog Lojor teh kasenian anu diwangun ku waditra dogdog jeung angklung. Di kampung-kampung adat di Tatar Sunda dipake keur nganteur Nyi Pohaci asup kana leuit dina Seren Taun.

Bentuk Dogdog Lojor nu ditabeuhna dina Seren Taun, luyu jeung ngaranna lojor, bentukna leuwih leutik (ukuran buleudna), sarta leuwih panjang ti dogdog biasa di Tatar Sunda. Ditabeuhna, kitu deui angklung, waktu ngasupkeun pare kana leuit di kampung adat. Pare diidentikeun jeung Nyi Pohaci.

Di kampung adat di Tatar Sunda maneuh ngalaksanakeun Seren Taun, di antarana ngasupkeun pare, Nyi Pohaci kana leuti, Dogdog Lojor ditabeuhna aya nu teu maké panakol, aya ogé anu maké panakol. Panakolna dijieun tina kai atawa awi. Ari nabeuh angklung mah teu beda jeung umumna angklung

Baca Juga: Yayasan Padepokan Bratalegawa (YPB) Tegalluar Kabupaten Bandung Ngamekarkeun Seni Terebang jeung Igel Penca

Jumlah anu nabeuh dogdog tina sagundukan seni Dogdog Lojor ngan ukur duaan, sarta jadi palatukna atawa nu jadi luluguna.

Anapon angklung dina seni Dogdog Lojor diwangun ku jongrong, ambrung, ambrung panerus, pancer, pancer panerus, éngklok, roél, jeung roél panerus.

Dina prungna nabeuh, pamaén Dogdog Lojor panghareupna, dituturkeun ku angklung anu ukuranna pangleutikna nyaéta jongrong jeung saterusna.

Unggal pintonan seni Dogdog Lojor teu weléh dua rombongan, anu hiji ti beulah kénca, anu hiji deui ti beulah katuhu. Pahareup-hareup, kawas nu rék diadu.

Baca Juga: Dimimitian ku Ma Jaer, Revitalisasi Seni Umbul Mekar di Situraja Kabupaten Sumedang

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x