GALURA - Jumaah, 30 Juni 2023, jam 14:00 WIB, para pangurus Yayasan Padepokan Bratalegawa (YPB) Tegalluar Bojongsoang Kabupaten Bandung nu di antarana mekarkeu Seni Terebang jeung Penca, ngayakeun rapat semester munggaran. Dina harti umur yayasan teh resmina karek 6 bulan, tangtu can loba garapan anu hasilna nyugemakeun.
Sok sanajan kitu, ari kagiatan sosial Yayasan Padepokan Bratalegawa (YPB) mah geus dilalanyahan ti ahir bulan Pebruari kamari. Di antarana parade ibing Penca, pentas Seni Terebang jeung santunan ka barudak yatim nu aya di wewengkon Tegalluar Kabupaten Bandung.
Nu ngaluuhan rapat Yayasan Padepokan Bratalegawa (YPB) nu tempatna di Tegalluar, Bojongsoang, Kabupaten Bandung teh: Lili Guntur (Pembina), N.K. Ubaidillah (Pengawas), Aep Saepudin (Ketua Yayasan) jeung Asep Sasa (Seskretaris Yayasan). Jejer nu disawalakeun YPB bakal ngelagaan garapanana, lain ukur igel Penca jeung Seni Terebang.
Baca Juga: Kabupaten Ciamis Diganti Jadi Kabupaten Galuh, Kawasna Moal Jadi
Rapat dimimitian ku bubuka, macakeun tata tertib rapat. Ti dinya, evaluasi hontalan kinerja YPB taun 2023, pamahaman AD/ART/peraturan pengurus/program kerja, pertanyaan/saran & tanggapan, kasimpulan, dunga jeung tutup.
Lili Guntur teu weleh-weleh mere jejeran ngeunaan dunia yayasan utamana dina bag-bagan atikan anu jadi tujuan nanjeurna yayasan. Tangtu wae atikan anu utamana keur ngarahkeun jeung ngabina generasi ngora.
Sakumaha anu jadi kamandangna Asep Sasa salaku sekertaris yayasan, yen naon wae kagiatan anu dimekarkeun ku YPB kudu nyoko kana "pembinaan ahlakul karimah".
Asep oge nandeskeun ka pembina ngaliwatan tanggungjawab kasekertarisanana yen YPB teh keur lelengkah halu keneh, cohagna mah can weweg dina bab waragad. Atuh gerak usaha oge karek ngalalanyahan miara sababaraha domba.
Ku hal kitu, Asep umajak ka unit pelaksana kegiatan (UPK) nu aya dina papayung yayasan geusan sabeungkeutan motekar saahlina-saahlina sewang-sewangan. UPK nu dipayungan YPB: UPK Penca asuhan Tisna Abdul Harits; UPK Terebang Buhun, asuhan Muhammad Zen; UPK Terebang Solawat asuhan Rendi Septiana.