Kabupaten Ciamis Diganti Jadi Kabupaten Galuh, Kawasna Moal Jadi

- 7 Juli 2023, 07:21 WIB
Cakra, lambang pakarang Batara Wisnu, cenah mah bakal jadi lambang Kabupaten Galuh.
Cakra, lambang pakarang Batara Wisnu, cenah mah bakal jadi lambang Kabupaten Galuh. /Nanang S/Galura

GALURA – Bupati Ciamis, Herdiat Sunarya, waktu kampanye dina pemilihan kepala daerah (Pilkada), 27 Juni 2018, jangji ngaakomodir pamaredih digantina ngaran Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh. Dina taun kaopat kapamingpinana, Bupati Ciamis ngasosialisasikeun parobahan ngaran Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh

Sosialisasi diganti ngaranna Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh teh ti camat ka kepala desa, kepala desa ka masarakat. Hasil kasapukan masarakat ti unggal desa dipasrahkeun ka Bupati Ciamis. Dumasar hasil kasapukan masarakat, pemkab Ciamis bakal menta kajian ilmiah ka akademis nu engkena dibasa di DPRD.

Awalna proses digantina ngaran Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh lumangsung lungsur-langsar. Nu meredih Kabupaten Ciamis balik deui jadi Kabupaten Galuh gede harepan pamaredihna ganjang ngawujud sarta ngaran Galuh bakal mawa parobahan, boh keur masarakatna boh keur pamarentahanana.

Baca Juga: Mieling Milangka ka-243 Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Digelar Tilu Poe Tilu Peuting

Beh dieu muncul masarakat nu nolak digantina ngaran Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh. Tokoh agama di Kawali, Dr. H. Iif Taufiq El Haque, S.Kep, Ners, M.H.Kes, upamana nyebutkeun sacara pribadi teu satujueun ngaran Kabupaten Ciamis diganti jadi Kabupaten Galuh.

Iif Taufiq El Haque nyebutkeun Galuh teh spirit, ajen-inajen, nu aya dina batin masarakat Kabupaten Ciamis. Leuwih hade teu dijadikeun ngaran kabupaten. “Galuh teh cara para raja-raja di Tatar Ciamis nu ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara,” pokna.

Sarif Sutiarsa, Ketua Komisi D DPRD Kabupaten Ciamis. Kajian akademik digantina ngaran Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh, tacan ditarima ku DPRD Ciamis.
Sarif Sutiarsa, Ketua Komisi D DPRD Kabupaten Ciamis. Kajian akademik digantina ngaran Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh, tacan ditarima ku DPRD Ciamis. Galura

Dipikahariwang, mun Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh, ceuk Iip, ritual atawa adat istiadat samemeh Islam asup hudang deui, tanda-tanda hal eta geus katempo. Padahal eta teh lain kaasup budaya Galuh. Dipikahariwang deui engke bakal ngabalukarkeun konflik horizontal, nu tangtu wae bakal ngaganggu kana pangwangunan di daerah.

Ceuk Iif Taufiq El Haque batan tanaga, pikiran jeung waragad dipake pikeun ngaganti ngaran Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh, leuwih hade dipake keur ngabangun daerah, dipake keur ngaraharjakeun masarakat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah