Desa Nagarajaya Kecamatan Panawangan, Amanat ti Kabupaten Ciamis keur Nagara

- 16 Juni 2023, 08:00 WIB
Desa Nagarajaya pamekaran ti Desa Nagarapageuh Kecamatan Panawangan Kabupaten Ciamis, ngandung silib, siloka, sasmita.
Desa Nagarajaya pamekaran ti Desa Nagarapageuh Kecamatan Panawangan Kabupaten Ciamis, ngandung silib, siloka, sasmita. /Nanang S/Galura

GALURA -Nagarajaya. Kitu ngaran salasahiji desa di Kecamatan Panawangan Kabupaten Ciamis teh. Ti Kota Panawangan anggangna kurang leuwih ti 7 kilometer. Di beulah kidulna Desa Nagarajaya, ngatapel wates jeung Kampung Ciburuy, Desa Purwaraja, Kecamatan Rajadesa.

Kepala Desa Nagarajaya, Mamun Sajiddin, nyebutkeun Desa Nagarajaya teh pamekaran ti Desa Nagarapageuh, Kecamatan Panawangan. Misahna poe Kemis, tanggal 23 Juni 1983. Taun ayeuna umurna panceg 40 taun, kaitung masih keneh ngora mun dibandingkeun jeung desa buhun di Kabupaten Ciamis mah.

“Teu aya catetanana saha nu masihan nami Desa Nagarajaya,” ceuk Toto, Kasie Pemerintah Desa Nagarajaya. Ngan kawasna mah ngaran Nagarajaya teh sumber inspirasina ti ngaran desa induk, Nagarapageuh. Di Kabupaten Ciamis jeung di Kecamatan Panawangan Desa Nagarapageuh teh desa nu mibanda sajarah Panjang.

Baca Juga: Milangkala ka 381 Pindahna Puseur Pamarentah Kabupaten Galuh, Bupati Ciamis Jaroh ka Makam Luluhur Galuh

Tadina Desa Nagarapageuh teh lega pisan. Eta wae desa pamekaranana aya opat, kabeh oge make kecap nagara: Nagarajati, Nagarajaya, Nagarawangi, jeung Natanagara. Desa Natanagara pamekaran ti Nagarajati.

Desa anyar pamekaran ti Desa Nagarapageuh henteu make ngaran lembur nu geus nyampak. Di Desa Nagarajaya, ngaran lemburna nyirikeun ieu wewengkon geus lila jadi padumukan: Parikumbang, Sindang, Ciheuleut, jeung Cicangkrung. Ngan Cicangkrung ayeuna mah diganti ngaranna jadi Wangunsari.

Ngaran teh do’a, harepan. Nu mere ngaran Nagarajaya tangtu miharep sangkan ieu desa pamekaran ti Nagarapageuh teh unggul. Jaya hartina unggul. Desana maju, mekar, pangwangunana mesat, dina sagala widang unggul, jeung babakuna masarakatna raharja.

Lamun diguar leuwih jero mah ngaran desa pamekaran ti Desa Nagarapageuh teh ngandung silib, siloka, sasmita, amanat ti paraluhur. Kecap pageuh, jati, jaya, nata jeung wangi teh kecap nu euyeub ku ajen-inajen.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak I Juni 2023, Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh Ulah Ngikis Jati Diri Tatar Ciamis

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x