Ti 1 Juni 2023 Kareta Api nu Eureun di Stasiun Ciamis Leuwih Loba

- 30 Mei 2023, 18:51 WIB
Kareta api jarak jauh  nu eureun di Stasiun Ciamis, ti mimiti 1 Juni 2023.
Kareta api jarak jauh nu eureun di Stasiun Ciamis, ti mimiti 1 Juni 2023. /

GALURA –Stasiun Ciamis (kode dina KAI Access: Ci) ti mimiti poe Kemis, 1 Juni 2023 leuwih haneuteun. Kituna teh lantaran kareta api nu eureun di Stasiun Ciamis bakal leuwih loba batan memehna.

Salila ieu kareta api  nu naekkeun jeung nurunkeun panumpang di Stasiun Ciamis teh Malabar, Lodaya, Pasundan, Kahuripan, Mutiara Selatan, Baturaden Ekspres, jeung Serayu. Ti mimiti 1 Juni 2023, Argo Wilis, Turangga jeung Kutojaya Selatan oge eureun di Stasiun Ciamis.

Tadina Argo Wilis, Turangga, jenis kareta api eksekutif, jeung Kutojaya Selatan, kareta ekonomi, teu eureun di Stasiun Ciamis. Di wilayah Daop 2 Bandung, ieu tilu kareta api eureunna di Stasiun Cipeundeuy, Tasikmalaya jeung Banjar.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak I Juni 2023, Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh Ulah Ngikis Jati Diri Tatar Ciamis

PT KAI Daop 2 Bandung mandang potensi panumpang di Stasiun Ciamis kawilang gede. Urang Ciamis loba nu bubuara di kota sejen di Pulo Jawa, ti tungtung kulon tepi ka tungtung wetan, boh nu ngadon usaha boh  nu tolab elmu, kaasup masantren.

Ku eureunna Argo Wilis, Turangga jeung Kutojaya Selatan di Stasiun Ciamis, warga Ciamis nu rek indit-inditan leuwih loba piliheun dina nangtukeun kareta api.

Upamana wae rek ka Yogyakarta ti tanggal 1 Juni 2023 mah bisa naek Argo Wilis jeung Turangga. Lian ti eta bisa naek Kutojaya Selatan tepi ka Kutoarjo, ti Kutoarjo disambung make kareta api komuter.

Lalampahan make kareta api ti mimiti 1 Juni 2023 leuwih tereh. Kareta api lumpatna leuwih digancangkeun.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x