Miangkeun Jemaah Calon Haji Asal Ciamis Kloter Munggaran, Bupati Ciamis: Niat Ibadah Haji Karana Alloh

- 27 Mei 2023, 20:57 WIB
Bupati Ciamis, Herdiat Sunarya miangkeun calon haji asal Ciamis kloter 12 asal Kabupaten Ciamis, Saptu (27/05/2023) di Gedung KH. Irfan Hielmy Islamic Centre.
Bupati Ciamis, Herdiat Sunarya miangkeun calon haji asal Ciamis kloter 12 asal Kabupaten Ciamis, Saptu (27/05/2023) di Gedung KH. Irfan Hielmy Islamic Centre. /Jarkasih/Galura

GALURA - Bupati Ciamis, Herdiat Sunarya dibarengan ku Wakil Bupati Yana D Putra jeung Jajaran Forkopimda miangkeun calon haji asal Ciamis kloter 12 asal Kabupaten Ciamis, Saptu (27/05/2023) di Gedung KH. Irfan Hielmy Islamic Centre.

Anu dimiangkan ku Bupati Ciamis dina poe eta calon haji asal Ciamis kloter 12 jumlahna 400 urang, ngawengku calon haji 392 urang jeung patugas 8 urang.

Dina sambutanana, Bupati Ciamis ka calon haji asal Ciamis amanat para jamaah salawasna ngajaga kondisi fisik lantaran ibadah haji lain ibadah nu gampang, tur jamaahna ti sakuliah dunya.

Baca Juga: Pilkades Serentak 2023 di 64 Desa di Kabupaten Majalengka Lumangsung Aman jeung Kondusif

"Mun tea mah fisikna teu kuat dipikahariwang dina ngalaksanakeun ibadah haji teu sampurna," pokna. Hawa di Mekkah jeung di Madinah beda jeung di nagara urang. Mun panas, panas pisan, mun tiris tiris pisan.

Bupati Ciamis meupeujeuhan sangkan para jemaah haji dina ngalaksanakeun ibadah haji estu karana Allah SWT sarta mopohokeun pasualan duniawi.

"Laksanakeun ibadah kalayan tumaninah jueung husu, ulah nginget-nginget pasualan duniawi,” pokna. Bupati Ciamis nyebutkeun Pemda ngajurung ku dua mudah-mudahan para calon haji panjang umur sarja haji mabrur jeung mabruroh.

Dina kloter 12, jamaah calon haji pangorana umurna 18 taun sarta pangsepuhna 94 taun, duanana ti Kecamatan Lakbok.*** Jarkasih

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x