GALURA - Bupati Majalengka, Karna Sobahi, ngamonitoring Pemilihan Kepala Desa Serentak taun 2023 (Pilkades Serentak 2023), Saptu (27/05/2023). Sacara umum Pilkades Serentak 2023 di Kabupaten Majalengka lumangsung aman jeung kondusif.
Bupati Majalengka ngamonitoring Pilkades Serentak 2023 dimimitian ti Desa Karyamukti Kecamatan Panyingkiran, Kecamatan Panyingkiran. Bupati dibarengan ku Asiten Daerah (Asda) Pamarentahan jeung Kesra Setda Majalengka Umar Ma'ruf, Camat katut Muspika Panyingkiran. Di ieu desa, pilkades aman jeung kondusif..
Waktu ngamonitoring Pilkades Serentak 2023, Bupati Majalengka meredih ka masarakat pikeun ngalaksanakeun pesta demokrasi kalayan aman jeung kondusif. "Teu kenging hilap gunakeun hak pilih kalayan hade tur leres saluyu sareng manah," pokna.
Bupati Majalengka miharep sarengse Pilkades Serentak 2023, taya kajadian pacogregan. "Dina hal ieu calon kepala desa kedah siap kenging sareng eleh, kangge ngajagi kondusifitas tur kaamanan," pokna.
Kepala Dinas Pemberdayaan Masyarakat Desa (DPMD), Andik Sujarwo, nyebutkeun Pilkades Serentak 2023 di Kabupaten Majalengka dilaksanakeun di 64 Desa nu sumebar di 23 Kecamatan nu jumlah total calon kepala desa (cakades) 167 urang.
"Jumlah pemilih tercatat 196.205 urang, kalayan jumlah TPS seueurna 646 sarta surat 205.159 lambar. TPS teu difokuskeun di bale desa, tapi sadesa disebar sababaraha TPS supados ngagampilkeun masarakat sareng enggal rengse," ceuk Andik.
Pikeun ngajaga kaamanan dina Pilkades Serentak 2023 Polres Majalengka nurunkeun satuan Brimob pikeun ngantisipasi sababaraha kamungkinan potensi gangguan kaamanan jeung katartiban. Dibantu ti TNI, Satpol PP , Dishub katut Linmas.