Kakanwil Kemenag Jabar Calon Haji ti Jawa Barat, 38.732 urang, Miang ka Tanah Suci

- 23 Mei 2023, 18:05 WIB
Kamar Calhaj di Asrama Haji Bekasi, Jabar. Taun ayeuna jumlah calon haji ti Jawa Barat lobana  38.732 urang.
Kamar Calhaj di Asrama Haji Bekasi, Jabar. Taun ayeuna jumlah calon haji ti Jawa Barat lobana 38.732 urang. /Cecep KS/Galura

GALURA -Kakanwil Kemenag Jabar, Ajam Mustajam nu dijejeran Kepala Bidang Penyelenggaraan Haji dan Umroh Kanwil Kemenag Jabar, Boy Hari Novian, Salasa (23/05/2023) netelakeun, dumasar Kaputusan Menteri Agama (KMA) No 189/2023, calon haji asal Jawa Barat nu baris miang ka Tanah Suci jumlahna 38.723 urang.

Jumlah calon haji asal Jawa Barat sakitu teh, ceuk Kakanwil Kemenag Jabar, ngawengku 38.296 jamaah calhaj jeung 427 urang patugas haji, kaasup Petugas Haji Daerah (TPHD) urang. Calhaj nu kagolongkeun umur lansia, aya 1.935 urang. Ceuk Boy Hari, calhaj lansia jadi prioritas.

"Acara seremonial, ngajurung laku calon haji di Asrama, kaasup calon haji asal Jawa Barat, teu kudu lila, cukup 5 menit, karunya ka lansia, carapeeun. Sarua, di daerah ge cukup 5 tepi ka 10 menit," ceuk ceuk Kakanwil Kemenag Jabar.

Baca Juga: HPN Jabar di Karawang, Hajat Rongkah Insan Pers Jawa Barat, Ngagederkeun Seni Budaya Sunda

Sanggeus ditarima di Asrama, sakabeh calon haji dibere geulang identitas, paspor, tiket jeung akomodasi. Beres eta calhaj istirahat di kamar, kumpul deui di Aula, waktuna rek miang ka Tanah Suci.

Kloter calhaj Jawa Barat, jumlahna 96, ngawengku, 72 kloter miang ti Bandara Soekarno-Hatta jeung 47 Kloter miang ti BIJB Kertajati Kabupaten Majalengka.

Dina sela-sela narima kadatangan jamaah asal Garut jeung Cianjur, Selasa (23/5) Ajam ngajelaskeun, munggaran miang jamaah asal Garut jeung Cianjur, Rebo (24/5), dijurung ku Menteri Agama, Yaqut Cholil Qoumas, jam 08:15 WIB, disusul jamaah Cianjur jam 13:15 WIB.

Ajam, nyebutkeun, ti 24 Mei tepi ka 7 Juni 2023, baris miang 48 kloter ti Embarkasi JKS kalawan jumlahna 9.680 calhaj. Tanggal 8 Juni tepi ka 15 Juni 2023, ti embarkasi JKS, miang 26 kloter kalawan jumlah panumpangna 10.565 urang.

Baca Juga: Bintek Pengelolaan Data dan Informasi Geospasial Gawe Bareng Diskomfo jeung Bappedalitbang Majalengka

Ti BIJB baris miang 22 kloter kalawan jumlah panumpangna 8.958 urang. "Jamaah nu miang ti embarkasi JKS ti 20 kabupaten jeung kota. Ti embarkasi BIJB jamaah ti tujuh wilayah: Subang, Sumedang, Majalengka, Indramayu, Kabupaten Cirebon jeung Kota Cirebon, katut Kuningan," pokna.*** Cecep KS

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x