Ngobrol Mas, Polres Majalengka Nurunkeun 500 Anggotana Ngamankeun Pilkades Serentak

- 23 Mei 2023, 12:14 WIB
Kepala Polres Majalengka dipoto bareng jeung wartawan sarengsena Ngobrol Mas  nu di antarana ngabahas Pilkades Serentak.
Kepala Polres Majalengka dipoto bareng jeung wartawan sarengsena Ngobrol Mas nu di antarana ngabahas Pilkades Serentak. /Nanang /Galura

GALURA – Dina Ngobrol Mas (Ngopi Bareng Polisi Bersama Masyarakat), Senen (22/5) di Cafe 99 Cibatu Majalengka Kepala Polres Majalengka bakal nurunkeun 500 anggotana pikeun ngamankeun Pemilihan Kepala Desa Serentak (Pilkades Serentak).

Pilkades Serentak di Kabupaten Majalengka dilaksanakeun, Saptu 27 Mei 2023. AKBP Indra Novianto, Kepala Polres Majalengka waktu cumarita dina Ngobrol Mas, netelakeun Pilkades Serentak kudu jadi pesta demokrasi masarakat desa dina milih pamingpin.

Kepala Polres Majalengka nyebutkeun Pilkades Serentak teh hajatanana masarakat desa. Anu ngaranna hajatan tangtu dina kaayaan gumbira, saruka bungah, ulah sabalikna. “Hayu urang ngalaksanakeun pesta demokrasi kalayan manah nu beresih,” pokna nu dienyakeun ku nu miluan Ngobrol Mas.

Baca Juga: Galura Cetak IV Mei 2023, Mahkota Binokasih, Kabupaten Ciamis Mieling Pindahna Puseur Dayeuh Kabupaten Galuh

Ceuk Kapolres Majalengka, pikeun ngajaga hal-hal nu sipatna nganggu kamtibmas (kaamanan katartiban masarakat) di wilayah nu desana ngalaksanakeun Pilkades Serentak, Polres Majalengka bakal nurunkeun 500 personil..

“Dina waktosna anggota ti Polres Majalengka bakal aub sareng Polsek satempat. Tugasna ngamankeun kaayaan desa. Ti ngawitan wengi pemilihan, pemungutan soara, dugi ka penghitungan sora tengse. Tangtosna wae ngawal kotak soara ti PPS ka sekretariat Panitia Pilkades,” ceuk AKBP Indra.

Kapolres cumeluk ka sakumna calon kades jeung nu ngarojongna kudu siap meunang jeung siap eleh. “Mangkukna tos dilaksanakeun Deklarasi Damai sakumna calon Kades, aranjeunna sapuk bakal narima hasil pemilihan kumaha wae hasilna kalayan jembar manah," pokna.***Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x