Calon Jamaah Haji ti Majalengka nu Pangsepuhna Umurna Saabad Kurang Lima Taun

- 19 Mei 2023, 07:00 WIB
Kabupaten Majalengka (Pemkab Majalengka) jeung Kementerian Agama ngalaksanakeun  manasik calon jamaah haji reguler 1444 H tingkat Kabupaten Majalengka.   Tempat manasik di lapang tenis Setda Majalengka, Kemis (18/5/2023). Calon jamaah haji nu pangsepuhna umurna 95 taun.
Kabupaten Majalengka (Pemkab Majalengka) jeung Kementerian Agama ngalaksanakeun manasik calon jamaah haji reguler 1444 H tingkat Kabupaten Majalengka. Tempat manasik di lapang tenis Setda Majalengka, Kemis (18/5/2023). Calon jamaah haji nu pangsepuhna umurna 95 taun. /Ayank /Galura

GALURA – Kepala Kementerian Agama Kabupaten Majalengka (Kemenag Majalengka) Dr. H. Agus Sutisna nyebutkeun calon jemaah haji ti Kabupaten Majalengka nu pangsepuhna: Sarman, umurna 95 taun, urang Leuwimunding.

Ari nu pangorana: Muhamad Rizki, umurna18 taun, urang Tenjolayar Cigasong. Dumasar pantiten Kemenag Majalengka, kondisi calon jemaah haji Sarman dina kaayaan sehat, jagjag, sagala rupana normal. Komo deui calon jamaah haji nu pangorana mah.

Ngeunaan data resmi calon jemaah haji reguler Kabupaten Majalengka, Kemenag Majalengka nyatet aya 1.103 urang, lansia 70 urang, kaasup nu pangsepuhna. Jumlah sagemblengna 1.173 urang.

Baca Juga: Waspada, Sakola di Kabupaten Majalengka Teu Aman, Ulon-Ulonna Geus Aya nu Dicangkalak Polres Majalengka

Di Kabupaten Majalengka, Agus netelakeun taun ieu calon jamaah haji Kabupaten Majalengka diwengku ku 3 kloter (kelompok terbang). Keloter 1 miang 27 Mei 2023, kloter 10 mangkat 07 Juni 2023, kloter 17 miang 13 Juni 2023.

“Di sagigireun eta aya calon jamaah haji nu ngahiji sareng kabupaten sanesna, di kloter 22, miangna 27 juni 2023,” ceuk Agus.

Sangkan ibadah hajina lumangsung lungsur-langsar, pamerentah Kabupaten Majalengka (Pemkab Majalengka) jeung Kementerian Agama ngalaksanakeun manasik calon jamaah haji reguler 1444 H tingkat Kabupaten Majalengka.

Tempat manasik di lapang tenis Setda Majalengka, Kemis (18/5/2023).

Manasik calon jamaah haji regular, diluuhan ku Bupati Majalengka, Sekda Majalengka, Kepala Kemenag Majalengka, Forkopimda, Ketua FKUB, Ketua MUI, Kepala Dinas Pendidikan, Kepala Dinas Kesehatan, Kabag Kesra katut ondangan lianna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x