Calon Jamaah Haji ti Majalengka nu Pangsepuhna Umurna Saabad Kurang Lima Taun

- 19 Mei 2023, 07:00 WIB
Kabupaten Majalengka (Pemkab Majalengka) jeung Kementerian Agama ngalaksanakeun  manasik calon jamaah haji reguler 1444 H tingkat Kabupaten Majalengka.   Tempat manasik di lapang tenis Setda Majalengka, Kemis (18/5/2023). Calon jamaah haji nu pangsepuhna umurna 95 taun.
Kabupaten Majalengka (Pemkab Majalengka) jeung Kementerian Agama ngalaksanakeun manasik calon jamaah haji reguler 1444 H tingkat Kabupaten Majalengka. Tempat manasik di lapang tenis Setda Majalengka, Kemis (18/5/2023). Calon jamaah haji nu pangsepuhna umurna 95 taun. /Ayank /Galura

Baca Juga: Mawa Kabur Treuk, Ulon-Ulonna Dicangkalak Sat Reskrim Polres Majalengka

Anu miluan manasik lobana 1.103 urang calon jamaah haji reguler nu rek mangkat taun ieu ka Tanah Suci. Calon jamaah haji dibere rupa-rupa inpormasi ngeunaan haji.

Kaasup informasi ngeunaan administrasi katut sasadian logistik nu diperelukeun saacan mangkat ka Tanah Suci. "Ngawitan manasik haji tos dilaksanakeun ku KBIH di 26 Kecamatan nu aya di Kabupaten Majalengka," pokna.

Bupati Majalengka Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd., dina sambutanna meredih sangkan sakumna calon haji ngajaga kasehatan lahir jeung batin. Kudu paham tur tuhu kana regulasi aturan haji nu di atur ku pamarentah.

"Simkuring miharep sangkan sakumna calon jemaah haji oge tiasa ngartos sagemblengna perkawis rukun, sunah, larangan haji sareng umroh. Supados kenging predikat haji nu mabrur,” ceuk Bupati Karna.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (16) : Duh, Cilaka, Sangkuriang!

Disebutkeun Bupati, Pemkab Majalengka geus mere pasilitas pikeun sakumna jamaah haji di taun 2023 tina APBD Kabupaten. Di antarana seragam batik, konsumsi nalika pemberangkatan katut transfortasi.

Pemkab Majalengka oge ngafasilitasi TPHD nu ngabantuan jamaah di Mekah."Ieu fasilitasi buktos Pemkab Majalengka merhatoskeun jamaah haji, supados teu seueur bangbaluh," ceuk Bupati.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah