Galura edisi cetak Minggu III Mei 2023, Ngaprak ka Gandrungmangu Cilacap, Kapamingpin Zaman Pajajaran

- 16 Mei 2023, 12:00 WIB
Galura edisi cetak Minggu III Mei 2023, headline ngeunaan Gandrungmangu Kabupaten Cilacap, Jawa Tengah, nu tadina kaereh ka Galuh.
Galura edisi cetak Minggu III Mei 2023, headline ngeunaan Gandrungmangu Kabupaten Cilacap, Jawa Tengah, nu tadina kaereh ka Galuh. /Nanang S/Galura

GALURA – Surat Kabar Mingguan (SKM) bahasa Sunda Galura edisi III Mei 2023, medal Rebo, 16 Mei 2023, midangkeun tulisan head line ngeunaan Gandrungmangu, salasahiji kecamatan di Kabupaten Cilacap Jawa Tengah, nu asalna kaereh ka Galuh. Tulisan sejenna ngaguar kapamingpinan zaman Pajajaran, di halaman 3.

Tulisan ngeunaan Gandrungmangu didadarkeun toponomi (asal-usul ngaran tempat) Gandrungmangu. Ceuk sakaol, asalna mah aya nonoman nu mikacinta (gandrung) sri panggung ketoprak, ngan teu wanieun balaka (mangu). Ari dina tulisan kapamingpinan zaman Pajajaran diguar konsep Tri Tangtu Dibuana jeung cara milih pamingpin.

Bukti wewengkon Gandrungmangu kungsi jadi daerah Galuh, ngaran-ngaran tempat, babakuna ngaran kampung, masih keneh make ngaran ciri has Sunda, upamana Ciawitali, Margamulya, Kebon Arum, Muktisari jeung sajabana. Ngan masarakatna mah make basa Jawa, basa Jawa reang nu lentongna beda jeung basa Jawa di Solo jeung basa Jawa di Yogyakarta.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (15) : Ramalan Orakel Apolo di Delfi

Tulisan sejenna ngeunaan pandita ti Thailand leumpang muru candi Borobudur, seja ngaluuhan Waisak, 4 Juni 2023, dibaturan ku pandita ti Malayasia jeung pandita ti nagara urang. Candi Borobudur bisa disebutkeun geus jadi kiblatna umat Budha di dunia.

Leumpangna pandita Thailand ka Candi Borobudur tina jihad ekonomi bisa leuwih ngamajukeun pariwisata di nagara urang. Laleumpangna pandita ti Thailand diwartakeun ku media massa, tv, media cetak jeung online, tambah deui disebarkeun dina media sosial.

Carita nyambung (carnyam) masih keneh karya Aan Merdeka Permana, Nyusud Tapak Nazi, carita detektif zaman kolonial Belanda. Anu jadi detektifna, urang pribumi nu boga pangkat luhur dina kapolisaian Hindia Belanda.

Esey ditulis ku Abdul Kohar, mahasiswa IAID Cijantung Kabupaten Ciamis, ngaguar ngeunaan basa Sunda nu dipake ku nonoman Sunda kiwari. Bahasa Sunda nu digunakeunana kagolongkeun bahasa Sunda kasar.

Tulisan lianna: Bati tina Pepelakan (Satukangeun Lalangse), Wagub Jabar nyintreuk Bupati Bandung (Milangkori), Disdik Jabar Ngagelar Gebyar Hardiknas di Hotel (Atikan).***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x