Mawa Kabur Treuk, Ulon-Ulonna Dicangkalak Sat Reskrim Polres Majalengka

- 18 Mei 2023, 06:00 WIB
Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K nalika Konferensi Pers, Salasa (16/5/2023) di pakarangan Sat Reskrim Polres Majalengka ngungkab kasus dibawa kaburna treuk ku cara nipu rek nyewa.
Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K nalika Konferensi Pers, Salasa (16/5/2023) di pakarangan Sat Reskrim Polres Majalengka ngungkab kasus dibawa kaburna treuk ku cara nipu rek nyewa. /Ayank /Galura

GALURA - Sat Reskrim Polres Majalengka Polda Jabar ngungkab kasus tindak pidana nu nipu ka nu boga treuk di hareupeun Kantor Pengadilan Agama Desa Karyamukti Kecamatan Panyingkiran, Kabupaten Majalengka. Kajadianana di poe Salasa, 9 Mei 2023 jam 12:00 Wib

“Ulon-ulonna TN (DPO) jeung SK. Duana api-api rek ngangkut barang sarta rek nyewa treuk milik korban,” ceuk Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K nalika Konferensi Pers, Salasa (16/5/2023) di pakarangan Sat Reskrim Polres Majalengka.

Kepala Polres Majalengka, nyebutkeun harita korban make calana pondok. Ulon-ulonna nyebutkeun rek mawa barang di BIJB Kertajati, ari supir nu dicalana pondok teu meunang asup. Ahirna nu nyupiranana ulon-ulonna.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (16) : Duh, Cilaka, Sangkuriang!

Treuk dibawa kukurilingan di Kota Majalengka. “Korban di hareupeun Kantor Pengadilan Agama dipiwarang meser cai mineral katut roko. Sabot korban di warung, ulon-ulonna ngabiur ngalumpatkeun treuk,” ceuk AKBP Indra Novianto.

Salahsaurang ulon-ulonna, SK (59), warga Kampung Marong, Kecamatan Keretek, Kabupaten Wonosobo, Jawa Tengah geus dicangkalak. Saurang deui TN masih diteangan.

Barang bukti nu diamankeun: treuk merek Mitsubishi, No.Pol.: D 8636 SS, konci kontak, STNK jeung handphone merk Oppo kelir beureum. “SK dijiret Pasal 378 jeung atawa 372 KUHPidana jo 55 KUHPidana kalayan ancaman hukuman 4 taun panjara,” ceuk AKBP Indra Novianto, S.I.K.

Anu boga treuk, Neneng Dahlia, warga Kabupaten Sumedang ngahaturnuhunkeun ka Polres Majalengka katut rengrenganna nu geus bisa ngungkab kajadian nu kaalamana. Inyana miharep ulon-ulonna diproses luyu jeung hukum.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x