Polres Majalengka Nyangkalak Ulon-ulon  nu Nipu Calon Jamaah Umroh

- 17 Mei 2023, 19:47 WIB
Uulon-ulon nu nipu calon jamaah umroh dicangkalak ku Polres Majalengka.
Uulon-ulon nu nipu calon jamaah umroh dicangkalak ku Polres Majalengka. /Ayank/Galura

GALURA -Polres Majalengka nyangkalak  ulon-ulon nu nipu calon jamaah umroh. Korbanna 36 urang gagal mangkat ka Tanah Suci. Korban kabeh oge urang Majalengka ari ulon-ulonna urang Majalengka jeung urang luar Majalengka.

“Polres Majajalengka ngamankeun ES, MF, KS sareng HB nu tos nipu calon jamaah umroh sarta nyita barang bukti (BB),” ceuk  Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K nalika Konfrensi Pers, Salasa (16/5/2023) di pakarangan Sat Reskrim Polres Majalengka.

BB anu diamankeun ku Polres Majalengka ti ulon-ulon nu nipu calon jamaah haji teh: bukti setoran 36 lambar, lambar Rekening Koran 19 lambar,1 Bundle Compeni Profile PT IAW sabundel.

Baca Juga: Di Kuningan, Dua Budak Aya Anu Ngagadabah, Hiji Diantarana ku Bapa Terena

BB sejenna, Kesepakan Pemberangkatan Umroh salambar, Koper 41, mobil Toyota Camry jeung  Toyota Yaris masing-masing hiji.

Kapolres Majalengka nu dibarengan ku Kasat Reskrim AKP Febry H Samosir, Kasi Propam AKP Sarjiyo, Kasi Humas Iptu Agus Wahyudin, KBO Sat Reskrim Iptu Iwan Sutari nyebutkeun ulon-ulonna mimiti nipu tanggal 12 Juni 2022 jam 09:00 WIB.

Harita ES jeung MF datang ka SN ngaku-ngaku rekanan direktur haji umroh jeung provaider visa ti travel PT IAW nawarkeun program umroh nu lilana 12 poe, waragadna saurangna Rp27 urang.

Anu daftar jeung setor teh aya 36 urang sarta dina tanggal 29 Juni 2022 ka Hotel Grand Stay In di Kota Tanggerang. Tapi di ditu taya kagiatan nanaon sarta korban baralik deui.

Baca Juga: Galura edisi cetak Minggu III Mei 2023, Ngaprak ka Gandrungmangu Cilacap, Kapamingpin Zaman Pajajaran

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x