Curat, Kepala Polres Majalengka: Aya Ulon-ulonna nu Ngagunakeun Sendok

- 19 April 2023, 10:30 WIB
Jajaran pulisi Polres Majalengka ngungkab kasus curat  di sababaraha wilayah di Kabupaten Majalengka. Di antarana, IA (35) warga Kecamatan Ligung Kabupaten Majalengka nu dina milampah kajahatanana ngagunakeun sendok.
Jajaran pulisi Polres Majalengka ngungkab kasus curat di sababaraha wilayah di Kabupaten Majalengka. Di antarana, IA (35) warga Kecamatan Ligung Kabupaten Majalengka nu dina milampah kajahatanana ngagunakeun sendok. /Ayank Sambara/Galura

GALURA - Polres Majalengka Polda Jabar ngungkab kasus Pencurian dengan Pemberatan (curat) di sababaraha wilayah di Kabupaten Majalengka. Di antarana, IA (35) warga Kecamatan Ligung Kabupaten Majalengka.

“Dina curat nu dipilampahna, IA mindeng ngagunakeun sendok makan keur muka jandela jeung panto" ceuk Kepala Polres Majalengka AKBP Indra Novianto nalika Konferesi Pers di pakarangan Sat Reskrim Polres Majalengka, Senen (17/4/2023).

IA dina curat nu dilakukeunana, ceuk Kepala Pores Majalengka, ti taun 2021 tepi ka taun 2023 maling sapedah gunung, sapedah motor, handphone, duit di sababaraha wilayah kecamatan Kabupaten Majalengka.

Barang-barang meunang maling ku IA dijual ka TR (53). Ku TR dijual deui ka ulon-ulon AD (22), duanana warga Kecamatan Jatiwangi Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Demi Lancarna Arus Mudik jeung Arus Balik, Polres Majalengka Gelar Operasi Ketupat Lodaya 2023

Disebutkeun AKBP Indra Novianto, IA dijiret pasal 363 ayat (2) KUHPidana ancaman hukuman 7 (tujuh) taun panjara, TR katut AD dijiret ku pasal 480 ke-1 KUHPidana ancaman hukuman 4 (empat) taun panjara.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x