Pulisi Polres Majalengka Ngatur Lalu Lintas di Jalan nu keur Diaspal Jalur Maja - Cikijing

- 4 April 2023, 16:40 WIB
Anggota Polsek Maja Polres Majalengka Polda Jabar ngatur lalu lintas  jalan jalur Maja – Cikijing di lebah jalan nu keur diaspal, Salasa (04/04/2023).
Anggota Polsek Maja Polres Majalengka Polda Jabar ngatur lalu lintas jalan jalur Maja – Cikijing di lebah jalan nu keur diaspal, Salasa (04/04/2023). /Ayank Sambara/Galura

GALURA - Polsek Maja Polres Majalengka Polda Jabar ngatur lalu lintas jalan jalur Maja - Cikijing, Salasa (04/04/2023). Di lebah jalan nu keur diaspal.

Salila jalan diaspal, lalu lintas jalur Maja - Cikijing moal pati kaganggu lantaran diatur ku aparat kapulisian ti Polsek Maja Polres Majalengka.

Kepala Polres Majalengka AKBP Edwin Affandi, ditepikeun ku Kapolsek Maja Iptu Kennedy Joko Lelono, netelakeun jalan nu keur diaspal tangtuna rada ngaganggu lalu lintas.

Baca Juga: Ngajaga Kamtibmas, Bhabinkamtibmas Polsek Banjaran Polres Majalengka Nganjang ka Toko Kelontongan

"Diaturna lalu lintas supados teu macet sareng ngantisipasi ayana nu cilaka. Nu nyandak mobil, motor, ngalangkung ka jalan nu nuju diaspal ngirangan laju kandaranana," ceuk Kapolsek Maja.

Disebutkeun Iptu Kennedy anggota Polsek Maja ngatur lalu lintas di lebah jalan nu keur diaspal bukti kapulisian teu weleh ngaladenan masarakat.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah