Bupati Majalengka Launcing PIN Polio, Targetna 85.298 Anak  Umur 0 - 59 Bulan

- 4 April 2023, 11:00 WIB
Bupati Majalengka sarengsena ngalaunching PIN Polio (03/04/2023) ngaimunisasi anak umur 0 -59 bulan.
Bupati Majalengka sarengsena ngalaunching PIN Polio (03/04/2023) ngaimunisasi anak umur 0 -59 bulan. /Ayank R Sambara/Galura

GALURA - Bupati Majalengka Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd ngalauncing program Pekan Imunisasi Nasional (PIN) Polio sakaligus upacara Apel Senin di lapangan Setda Majalengka, Senen ( 03/04/2023 ).

Bupati Majalengka nyebutkeun dina PIN Polio, budak umur 0-59 taun dibere dua keclak vaksin Polio. Dipiharep bakal ngaronjatkeun imun barudak tepi ka teu kaserang kasakit polio.

"PIN Polio dina raraga nyinglar sumebarna virus Polio di Indonesia. Purwakarta tos ditetepkeun KLB (Kejadian Luar Biasa) aya hiji kasus polio. Ku kituna dinten ieu launcing PIN Polio," ceuk Bupati Majalengka.

Baca Juga: DPC Partai Demokrat Kabupaten Majalengka ka Pangadilan, Menta Panangtayungan Hukum tina Gangguan Moeldoko

Bupati meredih ka sakumna steakholder nu utama sakumna camat jeung puskesmas sangkan ngelingan ibu-ibu nu boga anak umur 0 - 59 bulan  ngavaksin budakna.

Dina eta kasempatan eta Bupati Majalengka dibatengan Ketua Tim Penggerak PKK ngaimunisasi polio ka anak umur 0 -59 bulan. Disaksikeun Wakil Bupati, Sekertaris Daerah (Sekda ) katut Kadinkes.

Kepala Dinas Kesehatan Kabjupaten Majalengka H. Agus Susanto, netelakeun PIN Polio tujuanana pikeun ngarojong ngungkulan polio di Kabupaten Majalengka. Ieu tarekah dumasar surat Kementerian Kesehatan RI ngeunaan crash program dina raraga nyinglarna virus polio.

“Di sababaraha wilayah di nagara urang tos ditetepkeun KLB. Dinkes Majalengka satekah polah ngungkulan sangkan virus Polio henteu nerekab, dikawitan launching PIN Polio," ceuk Kadinkes.

Baca Juga: Numuwuhkeun Sarasa Anggota Polri, Kapolres Majalengka Besuk Kasat Intelkam di RSUD Majalengka

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x