Dina Operasi Pekat Lodaya 2023 jeung Mapag Ramadhan Polres Majalengka Ngamankeun Ratusan Ulon-Ulon Kajahatan

- 24 Maret 2023, 10:00 WIB
Polres Majalengka, Polda Jawa Barat dina Operasi Pekat Lodaya  jeung operasi mapag bulan Ramadhan nyangkalak  ulon-ulon kajahatan.
Polres Majalengka, Polda Jawa Barat dina Operasi Pekat Lodaya jeung operasi mapag bulan Ramadhan nyangkalak ulon-ulon kajahatan. /Ayank R Sambara/Galura


GALURA -Ceuk Kapolres Majalengka, ratusan ulon-ulon kajahatan dicangkalak jajaran kapulisian Polres Majalengka, Polda Jawa Barat. Ulon-ulon kajahatan diamankeun aparat kapulisian salila 10 poe katukang dina Operasi Pekat Lodaya 2023 jeung operasi mapag bulan suci Ramadhan.

"Ulon-ulon kajahatan nu kaungkab ti ngawitan kaping 13 dugi 22 Maret 2023, hasil Operasi Pekat Lodaya 2023 sareng operasi mapag sasih Ramadhan," ceuk Kapolres Majalengka, AKBP Edwin Affandi, dibarengan Kasat Reskrim, AKP Febri H Samosir, Kemis (23/3/2023).

Kapolres Majalengka neyelakeun, dina Operasi Pekat Lodaya 2023 jeung operasi mapag bulan suci Ramadhan dicangkalak 480 lobana urang, 12 urang di antarana keur ditalungtik, 6 urang nu jalibet kasus curat, 3 urang kasus curanmor, 1 urang pencurian biasa jeung 1 urang mucikari.

Baca Juga: Optimalisasi Lahan jeung keur Kedaulatan Pangan, DPC PDI Perjuangan Majalengka Ngabagikeun Bibit Pertanian

"Tos diamankeun oge 319 ulon-ulon tindakan premanisme di wilayah Kabupaten Majalengka. 158 palaku pengedar miras, 21 palaku prostitusi oge 14 palaku kajahatan jalanan," ceuk Kapolres Majalengka

"Rengrengan kapulisian Polres Majalengka dina Operasi Pekat Lodaya 2023 nu tos ngamankeun ratusan ulon-ulon kajahatan, pamugi tiasa masihan kaamanan tur katingtriman kangge masarakat dina sasih Ramadhan," ceuk Kapolres Majalengka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x