DPC Partai Demokrat Kabupaten Majalengka ka Pangadilan, Menta Panangtayungan Hukum tina Gangguan Moeldoko

- 4 April 2023, 10:11 WIB
Ketua DPC Demokrat Kabupateb Majalengka, Ir Fauzan Zemzar (kenca), dibarengan ku Sekretaris Olih (katuhu), Senen (3/4/2023). menta panangtayungan hukum tina gangguan Moeldoko.
Ketua DPC Demokrat Kabupateb Majalengka, Ir Fauzan Zemzar (kenca), dibarengan ku Sekretaris Olih (katuhu), Senen (3/4/2023). menta panangtayungan hukum tina gangguan Moeldoko. /Ayank Sambara/Galura

GALURA -DPC Partai Demokrat Kabupaten Majalengka ngadatangan pangadilan pikeun meredih panangtayungan hukum. Ieu dilaksanakeun sabada Kepala Staf Presiden (KSP), Moeldoko ngajukeun peninjauan kembali (PK) ka Mahkamah Agung.

Di hareupeun wartawan, Ketua DPC Demokrat Kabupaten Majalenga Ir. Fauzan Zemzar dibarengan ku Sekretaris Olih R, nuduh Moeldoko rek ngukudeta kapamingpinan Agus Harimurti Yudhoyono. Demokrat anyar anyar ieu ngarekomendasi Anies Baswedan jadi calon presiden.

"Sumkuring katut rengrengan DPC Demokrat Kabupaten Majalengka hadir di pengadilan pengajuan PK ka MA nu diajengkeun ku Moeldoko. Ku kituna di pengadilan simkuring meredih perlindungan hukum ka MA ngalangkungan PN Bandung," ceuk Fauzan Zemzar di PN Majalengka Senen (03/04/2023).

Baca Juga: Numuwuhkeun Sarasa Anggota Polri, Kapolres Majalengka Besuk Kasat Intelkam di RSUD Majalengka

Fauzan netelakeun, DPC Demokrat Kabupaten Majalengka masrahkeun dokumen kronologi tarekah kudeta nu dipilampah Moeldoko. Demokrat oge masrahkeun salinan putusan MA nu mutuskeun syahna Demokrat kapamingpinan AHY.

"Tos dipasrahkeun surat-surat perkawis kronologis kajantenana. Simkuring katut rengrengan ngadugikeun ka MA ngalangkungan PN teu aya sakedik oge lolongkrang pikeun Moeldoko ngarebut Demokrat. Saestuna simkuring yakin MA profesional tur pasti ngengingkeun AHY kana ieu gugatan Moeldoko," ceuk Ketua DPC Demokrat Kabupaten Majalengka .

Fauzan Zemzar nyebutkeun pihakna bakal jadi garda pertahanan sangkan Demokrat teu bisa direbut. Pihakna nyieun tembusan nepi ka Presiden.

"Parantos disanggakeun tembusan kangge Presiden, ka Menkopolhukam oge ka DPP: simkuring saparakanca dugi ka iraha wae oge nyarengan AHY. Simkuring yakin MA profesional. Sacara hukum simkuring yakin kenging, tapi sacara politis naon oge tiasa kajantenan, ku kituna bakal teras dikawal," ceuk Fauzan Zemzar.

Baca Juga: Antisipasi Tawuran Pelajar jeung Perang Sarung, Kapolres Majalengka, Umajak Kepala Sekolah Ngaroris Siswa

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x